Rabu, 11 Mei 2011

ELMU ANU SAJATI

أيها الولد: العلم بلا عمل جنون والعمل بلا علم لا يكون. واعلم أن العلم الذي لا يبعدك اليوم عن المعاصي ولا يحملك على الطاعة لن يبعدك غدا عن نار جهنم وإذا لم تعمل بعلمك اليوم ولم تدارك الأيام الماضية تقول غدا يوم القيامة:
Hei..Anaking ! Elmu kalayan hanteu aya amal nyaeta kageloan.Amal kalayan teu aya Elmu hanteu jadi ( hanteu sah ).
Kanyahokeun ku anjeun, yen elmu anu dina poe ieu  hanteu bisa ngajauhkeun  diri anjeun  tina pirang-pirang ma`siat sareung teu tiasa mawa anjeun kana thoat, ngandung harti moal rek bisa ngajauhkeun anjeun isuk tina Naraka jahanam. Upami anjeun hanteu ngamalkeun elmu anjeun poe ieu padahal anjeun hanteu bisa meunangkeun  pirang-pirang poe anu geus kaliwat, mangka anjeun bakal nyarios isuk dina poe kiamah :

 "فأرجعنا نعمل صالحا".
Balikkeun deui abdi sadaya  ( ka dunya ) tangtu abdi sadaya bakal midameul kasholihan

 فيقال: "يا أحمق أنت من هناك تجيء".

Mangka bakal dicarioskeun ( ka anjeun ) :
Hei Boloho ! anjeun datang ti ditu.

أيها الولد: اجعل الهمة في الروح والهزيمة في النفس والموت في البدن لان منزلك القبر وأهل المقابر ينتظرونك في كل لحظة متي تصل إليهم. إياك إياك أن تصل إليهم بلا زاد.
Hei..Anaking ! Ciptakeun sumangeut di jero jiwa anjeun, hengker dijero nafsu anjeun jeung kamaotan dijero awak anjeun . sabab tempat anjeun anu saenyana nyaeta kuburan. Anu nyicingan kuburan ngantosan anjeun  sababn waktu, iraha anjeun neupi ka maranehannana ? sieun jeung sieun anjeun, lamun anjeun nepi  ka maranehannana kalayan teu aya nyandak beukeul ( amal sholih )

 قال سيدنا أبو بكر الصديق (رضي الله عنه): "هذه الأجساد قفص الطيور أو إصطبل الدواب فتفكر في نفسك: من أيهما أنت؟ إن كنت من الطيور العلوية فحين تسمع طنين طبل
Abu bakar Shidiq ra. : sasanggeum : Awak-awak ieu ibarat kandang-kandang manuk atawa kandang-kandang sato, mangka kedah ngemut anjeun ka diri anjeun, anjeun kaleubeut anu mana  ? lamun anjeun kaleubeut  manuk-manuk anu luhur, mangka tetkala anjeun ngarungu sora kendang
 ارجعي إلي ربك
mangka kedah mulih anjeun ka Pangeran anjeun
 تطير صاعدا إلي أن تقعد في أعالي بروج الجنان".
 tangtu anjeun hibeur luhur nepika anjeun calik di bentang-bentang surga anu luhur.

 وكما قال سيدنا رسول الله (صلي الله عليه وسلم) : "اهتز عرش الرحمن من موت سعد بن معاذ (رضي الله عنه)"
Sakumaha pidawuh Rosululloh Saw. :
Arsy Alloh Anu maha welas goncang sabab maotna sa`ad bin mu`adz ra.

 والعياذ بالله إن كنت من الدواب كما قال الله تعالي:
Wal Iyadzu Billah ( abdi sadaya nyalindung ka Alloh ). Upami anjeun kaleubeut sato-sato, saperti anu di dawuhkeun ku Alloh Ta`alaa :

"أولئك كالأنعام بل هم أضل"
“ maranehannana saperti sato malahan leuwih sasar “.
 فلا تأمن انتقالك من زاوية الدار إلي هاوية النار.

Mangka hanteu aman pindah anjeun ti juru imah di dunya nepika jero naraka

 وروي أن سيدنا الحسن البصري (رحمه الله تعالي) أعطي شربة ماء بارد فاخذ القدح وغشي عليه وسقط من يده فلما أفاق قيل: مالك يا أبا سعيد؟ قال: ذكرت أمنية أهل النار حين يقولون لأهل الجنة:
Parantos diriwayatkeun yen hasan  Al- Bisyri Rohimahumulloh Ta`alaa dipaparin saregot cai tiis . lajeung anjeunna nyandak geulas teras pingsan. Mangka murag eta geulas dina pananganna . tetkala anjeunna sadar, anjeunna ditaros : naon anu nimpa anjeun ?, hei bapa sa`id ? anjeunna ngawaleur  : kaula emut anu nyicingan naraka , nalika maranehannana nyarios ka anu nyicingan surga :

"أن أفيضوا علينا من الماء أو مما رزقكم الله".

 “ panuhun eurihkeun Sakeudik cai ka abdi sadaya  atanapi sakeudik rizqi anu dipaparinkeun ku Alloh ka aranjeun.”

أيها الولد: لو كان العلم المجرد كافيا لك ولا تحتاج إلي عمل سواه لكان نداء
Hei..Anaking ! upami elmu wungkul ceukap pikeun anjeun jeung anjeun hanteu peryogi  amal  anu sanes mangka tangtu sasanggeum :

 "هل من سائل؟
Naha aya jalma anu nyuhunkeun ?

 هل من مستغفر؟
Naha aya jalma anu nyuhunkeun hampura ?

 هل من تائب؟"
Naha aya jalma anu thobat ?

 ضائعا بلا فائدة. وروي أن جماعة من الصحابة (رضوان الله عليهم اجمعين) ذكروا سيدنا عبد الله بن عمر (رضي الله عنهما) عند سيدنا رسول الله (صلي الله عليه وسلم) , فقال:
Eta euweuh hartina kalayan teu aya mangfatna
Parantos diriwayatkeun yen aya sagolongan shohabat  - mugia Alloh ngaridhoan maranteunna sadayana – nyeubat-nyeubat Abdulloh bin umar ra. Di payuneun Rosululloh saw. Mangka Manteunna Saw.  Ngadawuh :
 "نعم الرجل هو لو كان يصلي بالليل".
Sumuhun, anjeunna nyaeta hiji dedengkot saumpamana anjeunna sholat tengah weungi.

 وقال عليه الصلاة والسلام لرجل من أصحابه:
Rosululloh Saw. Ngadawuh ka saurang ti para shohabatna :

 "يا فلان لا تكثر النوم بالليل فان كثرة النوم بالليل يدع صاحبه فقيرا يوم القيامة".
Hei…Fulan montong loba sare peuting, sabab loba sare peuting eta bakal ninggalkeun palakuna salaku jalma fakir dina poe kiamah

 أيها الولد "ومن الليل فتهجد به نافلة لك" أمر "
Hei..Anaking ! jeung dina sabagean peuting  mangka geura tahajud salaku amal sunnah pikeun anjeun ) nyaeta hiji parentah.
وبالأسحار هم يستغفرون" شكر "
Jeung dina waktu-waktu saur maranteunna nyuhunkeun pangampura nyatana hiji syukuran

والمستغفرون بالأسحار" ذكر.
Jeung jalma-jalma anu istigfar dina waktu-waktu saur nyaeta hiji pangeling-ngeling.

 قال عليه الصلاة والسلام: "ثلاثة أصوات يحبها الله تعالي: صوت الديك وصوت الذي يقرأ القرآن وصوت المستغفرين بالأسحار"
Rosululloh Saw. Parantos ngadawuh :
3 sora anu dipika cinta ku Alloh Ta`ala :
1. sora kongkorongok hayam jalu
2.sora jalma anu maca Al-qur`an jeung
3. sora jalma-jalma anu istigfar dina waktu-waktu saur
وقال سيدنا سفيان الثوري (رحمة الله تعالي عليه): "إن الله تبارك وتعالي خلق ريحا تهب بالأسحار تحمل الأذكار والاستغفار إلي الملك الجبار"
Parantos nyarios Sufyan Ats-Tsaury mugia Rohmat Alloh Ta`alaa teuteup ka anjeunna :
Nyata alloh Tabaroka wa Ta`alaa ngadameul angin anu nebak dina waktu saur. Angin ieu mawa dzikir –dzikir jeung panedaan hampura ka Alloh anu Maha Raja tur maha kawasa.
 وقال أيضا: "إذا كان أول الليل ينادي مناد من تحت العرش: ألآ ليقم العابدون فيقومون ويصلون ما شاء الله ثم ينادي مناد في شطر الليل: ألا ليقم القانتون فيقومون ويصلون إلي السحر فإذا كان السحر نادي مناد: ألا ليقم المستغفرون فيقومون و يستغفرون فإذا طلع الفجر نادي مناد: ألا ليقم الغافلون فيقومون من فرشهم كالموتى نشروا من قبورهم".
 
Anjeunna oge sasanggeum : upami dugi awal peuting, aya hiji malaikat sasanggeum di handap arasy: Perhatosan ! Geura Harudang jalma-jalma Ahli Ibadah, mangka harudang ( eta jalma ahli ibadah ) , jeung sarolat maranteunannana – Masya Alloh – lajeung dina teungah weungi aya malaikat anu sasanggeum : perhatosan ! Gera hudang jalma-jalma anu Thoat ka Alloh. Mangka maranteunna oge gugah sareung nareuteupan  nepika waktu saur.
 Lajeung upami dugi waktu saur : Perhatosan ! geura hudang jalma-jalma anu neda hampura . magka maranehna oge hudang jeung neda pangampura . sareung upami parantos fajar ( shubuh ) ada hiji malaikat  sasanggeum : perhatosan ! Geura hudang jalma anu lali, mangka maranehannana oge hudang tina tempat-tempat sare maranehannana saperti mayit – mayit ngarajleung ti kuburan maranehannana
أيها الولد: روي في وصايا لقمان الحكيم لابنه أنه قال: "يابني لا يكنن الديك أكيس منك ينادي بالأسحار وأنت نائم". ولقد أحسن من قال شعراً:
Hei..Anaking ! parantos ngariwayatkeun dijero wasiat-wasiat Lukman Al-Hakim  ka putrana , yen anjeunna sasanggeum : Hei anaking ! Montong sakali-kali hayam jalu leuwih calakan tibatan anjeun. Eta hayam kongkorongok  dina waktu-waktu saur seudeungkeun anjeun sare. Tangtu nyata alus jalma ngucapkeun hiji syiiran :

لقد هتفت في جنح ليل حمامة       على فنن وهنا وأني لنائم
كذبت وبيت الله لو كنت عاشقا    لما سبقتني بالبكاء الحمائم
وأزعم أني هائم ذو صبابة          لربي فلا أبكي وتبكي البهائم

  
Dina jangjang peuting nyata aya hiji japati  ngalagukeun kaseudihan diluhur dahan, seudeungkeun kaula sare.
Demi Baetulloh, kaula ngawadul saumpamana kaula anu cinta , sabab kaula dielehkeun ku japati –japati eta
Kaula ngira saperti jalama anu cinta anu bangut sono ka Pangeran, tapi kaula teu ceurik seudeungkeun pirang-pirang sato careurik.

HAKEKAT ELMU


أيها الولد: خلاصة العلم أن تعلم الطاعة والعبادة ما هي. أعلم أن الطاعة والعبادة متابعة الشارع في الأوامر والنواهي بالقول والفعل. يعني: كل ما تقول وتفعل وتترك يكون بإقتداء الشرع كما لو صمت يوم العيد وأيام التشريق تكون عاصيا أو صليت في ثوب مغصوب وإن كانت صورة عبادة تأثم.

Anaking ! pokona elmu eta nyaeta anjeun uninga hakekat katoatan sareung ibadah. Keudah uninga anjeun yen thoat sareung ibadah eta nyaeta nuturkeun Alloh dileubeut parentah-parentah sareung cegahan-cegahan, naha ucapan atanapi padameulanhartosna saban perkara anu anjeun carioskeun  sareung anjeun pidameul sarta anjeun kantunkeun salawasna nuturkeun syareat ( agama ) sapertos saumpama anjeun sholat kalayan pakean “ Ghasab “ (  ngangge milik jalmi sanes kalayan teu aya widi ), mangka anjeun dosa sok sanajan eta sholat wangun ibadah.

أيها الولد: ينبغي لك أن يكون قولك وفعلك موافقا للشرع إذ العلم والعمل بلا إقتداء الشرع ضلالة وينبغي لك ألا تغتر بالشطح وطامات الصوفية(2) لأن سلوك هذا الطريق يكون بالمجاهدة وقطع شهوة النفس وقتل هواها بسيف الرياضة لا بالطامات والترهات.
Anaking ! sakeudahna ucapan sareung padameulan anjeun saluyu sareung syarear, sabab elmu sareung amal kalayan hateu dituturkeun syareat eta hiji kasasaran. Sareung sakeudahna anjeun hanteu katipu ku kabodoan-kkabodoan sareung kaahengan-kaahengan para wali . sabah nitih jalan ieu ( kawalian ) keudah kalayan perjuangan , megatkeun kahayang nafsu sareung ngeundalikeun hawa nafsu kalayan pedang riyadhoh ( ngirangan kuleum, ngaleuuet, nginum, nyeerkeun puasa, sholat sunnah, dzikir sareung tahan tina gangguan manusa ), sanes kalayan midameul kaahengan-kaahengan sareung tindakan-tindakan anu bodo.

 وأعلم أن اللسان المطلق والقلب المطبق المملوء بالغفلة والشهوة وعلامة الشقاوة فإذا لم تقتل النفس بصدق المجاهدة فلن يحيا قلبك بأنوار المعرفة.
Kanyahokeun ku anjeun kana saestuna baham anu faseh sareung hate anu katutup pinuh kalayan kalalian sareung syahwat ( kahoyong nafsu ) nyaeta ciri cilaka. Upami hanteu anjeun bunuh nafsu anjeun kalayan perjuangan anu leureus-leureus, tangtu moal rek hirup hate anjeun kalayan pirang-pirang cahaya kama`rifatan.  

وأعلم أن بعض مسائلك التي سألتني عنها لا يستقيم جوابها بالكتابة والقول. إن تبلغ تلك الحالة تعرف ما هي وإلا فعلمها من المستحيلات لأنها ذوقية وكل ما يكون ذوقيا لا يستقيم وصفه بالقول كحلاوة الحلو ومرارة المر لا تعرف إلا بالذوق.
Kanyahokeun ku anjeun kana saestuna sapalih patarosan anjeun anu anjeun taroskeun ka kaula  hanteu pas pikeun diwaleur  kalayan seuratan sareung cariosan ? upami anjeun parantos dugi kana kaayaan eta mangka anjeun bakal uninga hakekat perkara eta. Tatapina upami hanteu mangka nguningakeunna eta mustahil. Sabab perkara eta kaleubeut kana siafat “ Rasa “ saban perkara anu ngagaduhan sifat “ rasa ” eta kirang pas dijeulaskeun kalayan cariosan. Sapertos amisna manisan sareung paitna paitan, anjeun hanteu tiasa uninga kajabi kalayan ngaraoskeunna.

 كما حكي أن عنينا (غبيا) كتب إلي صاحب له أن عرفني لذة المجامعة كيف تكون. فكتب له في جوابه: يا فلان إني كنت حسبتك عنينا فقط. والآن عرفت أنك عنين وأحمق. لأن هذه اللذة ذوقية إن تصل إليها تعرف وإلا لا يستقيم وصفها بالقول والكتابة.
Sakumaha parantos diriwayatkeun kana saestuna aya hiji jalmi impoten nyerat ka sobatna  ( anu eusina ) : wartosan kaula kumaha  raosna pasatemon ? mangka sobatna nyeurat seurat waleuran ( ka eta jalmi anu impoten tea  ( anu eusina ) ;? Hei fulan ! nyata baheula kaula ngira anjeun hiji jalmi impoten bae. Tatapina ayeuna kaula nyaho yen anjeun hiji jalmi impoten sareung boloho. Sabab raosna pasatemon eta nyaeta “ rasa “ upami anjeun dugi kana eta “ rasa “ mangka anjeun tiasa uninga. Sareung upami hanteu mangka eta perkara hanteu tiasa pas dijeulaskeun kalayan cariosan sareung seuratan.
(2) بما أن سيدي الشيخ الإمام الغزالي (رضي الله عنه وعن سائر الصالحين) كان يدعوا إلى التصوف الإسلامي (أي تصوف العلم والعمل والأدب) الصادق الموصل إلي حضرة الله سبحانه وتعالي عن طريق الإتباع وليس الابتداع. فبذلك حذر من المدعين والكذابين الذين يأتون بلباس الصوفية ظاهرا وباطنهم خراب لقوله سبحانه وتعالي: "كبر مقتا عند الله أن تقولوا مالا تفعلون" وهولاء إما أن يكونوا قد انحرفوا بعد أن كانوا علي خير وأما أن يكونوا مدسوسين ومندسين لضرب أهل الإسلام وقطعهم عن قائدهم سيدنا ومولانا محمد (صلي الله عليه وسلم وعلى آله وصحبه وسلم) حتى يهدموا الإحسان ثم الإيمان ثم الإسلام. نقطة أخري ايضا في غاية الأهمية عندما قال الشيخ هذه العبارة كان الوقت وقت علماء الظاهر أو الشريعة بسبب سيطرتهم ونفوذهم على الحكام فلذلك خفف الشيخ الموقف بتلك العبارة للمجاملة وحتى لا يجرح مشاعرهم لأنه كان شيخ مصلح مودَب مودِب.


أيها الولد: بعض مسائلك من هذا القبيل وأما البعض الذي يستقيم له الجواب فقد ذكرناه في "إحياء العلوم" و غيره. ونذكر هاهنا نبدأ منه ونشير إليه فنقول:
قد وجب علي السالك أربعة أمور:
Anaking ! sapalih patarosan anjeun kaleubeut ieu perkara . anapon sapalihna anu sejen anu tiasa diwaleur kalayan pas , mangka nyata parantos kaula seubatkeun dina kitab ihya Ulumiddin sareung sanesna. Tatapina kaula bakal nyeubatkeun sareung kaula tuduhkeun didieu sababaraha poko diantawisna kaula wartoskeun : nyata wajib pikeun salik ( jalmi anu mapay jalan milari ridho Alloh ) 4 pirang-pirang perkara :

الأمر الأول: اعتقاد صحيح لا يكون فيه بدعة.
الأمر الثاني: توبة نصوح لا يرجع بعدها إلي الزلة.
الأمر الثالث: استرضاء الخصوم حتى لا يبقي لأحد عليك حق.
الأمر الرابع: تحصيل علم الشريعة قدر ما تؤدي به أوامر الله تعالى ثم من العلوم الأخرى ما تكون به النجاة.

1. Ngagaduhan kayaqinan anu ajeug/beuneur anu hanteu ngandung bid`ah
2. Tobat  Nasuha ( leureus-leureus ), anjeunna hanteu malikan deui kaleupatan saparantos tobat.
3. Nyuhunkeun Ridho tina papaseaan, sahingga hanteu aya salah saurang oge anu ngagaduhan hak ka anjeun.
4. Ngagaduhan elmu syareat sakira anjeun hanteu tiasa minuhan kawajiban-kawajiban ti Alloh kalayan eta elmu, lajeung pirang-pirang elmu sanesna anu tiasa nyababkeun anjeun salameut.

RINGKEUSAN PIRANG-PIRANG ELMU



حكي أن سيدنا الشبلي (رحمه الله) خدم أربعمائة استاذ وقال: قرأت أربعة آلاف حديث ثم اخترت منها حديثا واحدا وعملت به وخليت ما سواه لأني تأملته فوجدت خلاصي ونجاتي فيه وكان علم الأولين والآخرين كله مندرجا فيه فاكتفيت به وذلك أن سيدنا رسول الله (صلي الله عليه وسلم) قال لبعض أصحابه: "إعمل لدنياك بقدر مقامك فيها واعمل لأخرتك بقدر بقائك فيها واعمل لله بقدر حاجتك إليه واعمل للنار بقدر صبرك عليها".
Dicarioskeun kana saestuna Imam Asy-Syibly Rohimahulloh parantos ngakhidmah ( ngalayanan ) 400 Guru. Anjeunna sasanggeum :parantos maos kaula 4000 hadits. Lajeung kaula milih hiji hadits diantawisna sareung kaula amalkeun. Kaula kantunkeun anu sanesna, sabab parantos kaula emutkeun sareung kaula kengengkeun kaamanan sareng kasalameutan kaula aya dileubeutna. Elmu pirang-pirang jalmi kuno sareung pirang-pirang jalmi akhir kaseulap dileubeutna. Mangka kaula nyeukapkeun kalayan eta hiji hadits. Nyatana yen Rosululloh saw. Parantos ngadawuh ;
“ Pidameul pikeun dunya anjeun saukuran linggih anjeun di leubeutna, pidameul pikeun akherat anjeun saukuran kaabadian anjeun dileubeutna , amal pikeun Alloh saukuran peryogi anjeun ka Alloh sareung pidameul pikeun naraka saukuran kasobaran anjeun kana eta naraka.


أيها الولد: إذا علمت هذا الحديث لا حاجة إلي العلم الكثير. وتأمل في حكايات اخري وذلك أن سيدنا حاتم الأصم (رحمه الله) كان من أصحاب سيدنا الشقيق البلخي (رحمة الله) فسأله يوما: صاحبتني منذ ثلاثين سنة ما حصلت فيها؟ قال: حصلت على ثماني فوائد من العلم وهي تكفيني منه لأني أرجو خلاصي ونجاتي فيها. فقال شقيق: ما هي؟ قال حاتم الأصم:

Anaking ! upami anjeun parantos uninga ieu hadits mangka hanteu peryogi seueur elmu. Sareung emutkeun kisoh-kisoh sanesna nyatana Hatim Al-Ashom kapungkur kaleubeut pirang-pirang murid Asy-Syaqiq Al-Balkhy mugia Rohmat Alloh pikeun arnjeunna duaan. Hiji dinteun Al-Balkhy tumaros ka Al-Ashom .
Al-Balkhy : Anjeun parantos diajar kakaula ngawitan 30 taun. Naon anu parantos anjeun kengengkeun salami ieu ?
Al-Ashom : Kaula parantos ngengengkeun 8 pangartian , eta ceukap pikeun kaula, sabab kaula mihareup kasantosaan sareung kasalameutan kaula aya di leubeutna .
Al-balkhy : naon ari 8 pangartian eta ? mangka sasanggeum Al-Ashom :

الفائدة الأولى: أني نظرت إلي الخلق فرأيت لكل منهم محبوبا ومعشوقا يحبه ويعشقه وبعض ذلك المحبوب يصاحبه إلي مرض الموت وبعضه إلي شفير القبر ثم يرجع كله ويتركه فريدا وحيدا ولا يدخل معه في قبره منهم أحد فتفكرت وقلت:
Qoidah anu ka 1: kana saestuna kaula parantos ninggal  manusa . kaula ninggal nafsi-nafsi maranehannana ngagaduhan kabogoh sareung kacintaan anu dipikacinta sareung di kasihina. Sabagean kabogoh tadi maturanna neupi anjeunna geuring nyanghareupan ajalna. Sabagean deui neupika digigir kuburna. Lajeung sadayana mulih jeung ninggalkeunna sorangan saorang diri, hanteu saurang oge ti maranehannana anu hayang asup reujeung kabogoh dileubeut kubur.
mangka kaula ngemutkeun , sareung kaula sanggeumkeun :
 أفضل محبوب المرء ما يدخل في قبره ويوانسه فيه فما وجدت غير الأعمال الصالحة
Kabogoh hiji jalmi anu langkung utami nyaeta anu kersa leubeut ka jero kuburna sareung tiasa ngahibur dileubeut kubur . mangka hanteu kaula meunangkeun salian ti pirang-pirang amal sholih.
فأخذتها محبوبا لي لتكون سراجا لي في قبري وتوانسني فيه ولا تتركني فريدا.
Jadi salaku kabogoh kaula  supaya jadi palita kaula dijero kubur kaula, ngahibur kaula dijerona, jeung hanteu ninggalkeun kaula nyorangan.
الفائدة الثانية: أني رأيت الخلق يقتدون بأهوائهم ويبادرون إلي مرادات أنفسهم فتأملت قوله تعالي:
Qoidah anu ka 2: kana saestuna kaula parantos ninggal  manusa nuturkeun kahayang-kahayang maranehannana jeung paheula-heula ngajugjug tujuan-tujuan diri maranehannana. Lajeung kaula ngemutkeun pidawuh Alloh Ta`alaa :
 "وأما من خاف مقام ربه ونهي النفس عن الهوى فإن الجنة هي المأوي"
Aya oge jalmi anu sieun kana kamulyaan Pangeranna jeung nahan dirina tina hawa nafsuna  mangka nyata surga tempat pangbalikanna.
 وتيقنت أن القرآن حق وصدق فبادرت إلي خلاف نفسي وتشمرت لمجاهدتها ومنعها عن هواها حتى ارتاضت لطاعة الله سبحانه وتعالي وانقادت.
Kaula yaqin kana saestuna Al-Qur`an eta haq sareung leureus ; mangka kaula enggal-enggal ngalawan diri kaula sareung siaga pikeun meranganna jeung nyeugahna tina hawa nafsu. Sahingga diri kaula ridho sareung tumut kana thoat ka Alloh Subhanahu Wa Ta`alaa.
الفائدة الثالثة: أني رأيت كل واحد من الناس يسعى في جمع حطام الدنيا ثم يمسكه قابضا يده عليه فتأملت في قوله تعالي:
Qoidah anu ka 3: kana saestuna kaula parantos ninggal  saban jalmi usaha ngumpulkeun kakayaan dunya, lajeung nyimpeunna kalayan ngeupeulkeun lengeun ( koret ).  Mangka kaula ngemutkeun pidawuh Alloh Ta`alaa :

"ما عندكم ينفذ وما عند الله باق".
Naon oge anu aranjeun pimilik bakal ruksak seudeungkeun naon-naon anu di sagedengeun Alloh eta langgeung.

 فبذلت محصولي من الدنيا لوجه الله تعالي ففرقته بين المساكين ليكون ذخرا لي عند الله تعالي.
Mangka kaula pake anu kaula kengeng ti dunya pikeun milari ridho Alloh Ta`alaasareung kaula bagi-bagikeun ka pirang-pirang jalma miskin supados janteun harta simpeunan di sagedengeun Alloh Ta`alaa.
الفائدة الرابعة: أني رأيت بعض الخلق ظن شرفه وعزه في كثرة الأقوام والعشائر فاغتر بهم وزعم آخرون أنه في ثروة الأموال وكثرة الأولاد فافتخروا بها وحسب بعضهم الشرف والعز في غصب أموال الناس وظلمهم وسفك دمائهم واعتقدت طائفة أنه في إتلاف المال إسرافه وتبذيره وتأملت في قوله تعالى:
Qoidah anu ka 4: kana saestuna kaula parantos ninggal  sabagean jalmi ngira kamulyaan sareung kakiatanna ayana di na lobana qoum jeung pangikut, lajeung maranehna katipu. Sabagean anu sanes ngira ayana dina harta banda sareung seueurna murangkalih, lajeung maranehannana ngaagulkeunna. Sedengkeun anu sanes nyangki kamulyaan sareung kakiatanna aya dina ngaghasab ( ngarampas ) harta banda jalma lian, ngadholiman maranehannana, sareung maeshan maranehannana. Aya golongan anu ngayakinan eta perkara ayana dina ngahambur-hamburkeun harta banda jeung ngaawuntahkeun sarta ngamubadirkeunna.  Mangka kaula ngemutkeun pidawuh Alloh Ta`alaa :

 "إن أكرمكم عند الله اتقاكم".
Saestuna jalmi anu pangmulyana disisi Alloh nyaeta anu pang taqwana diantara aranjeun.

 فاخترت التقوى واعتقدت أن القرآن حق صادق وظنهم وحسبانهم كلها باطل زائل.
Mangka kaula milih Taqwa. Kaula yaqin yen Al-Qur`an eta haq sareung leureus.

الفائدة الخامسة: أني رأيت الناس يذم بعضهم بعضا ويغتاب بعضهم بعضا فوجدت ذلك من الحسد في المال والجاه والعلم فتأملت في قوله تعالي:
Qoidah anu ka 5: kana saestuna kaula parantos ninggal  sabagean jalmi hoyong nyawad anu sanes, sabagean maranehannana hoyong ngupat anu sejen. Kaula kengeng ieu perkara  asalna bijil tina kasirikan kana harta banda, jawatan, sareung elmu. Mangka kaula ngemutkeun pidawuh Alloh Ta`alaa :
 "نحن قسمنا بينهم معيشتهم في الحياة الدنيا".
Kami parantos ngabagi pangupajiwa diantara maranehna di jero kahirupan dunya.

 فعلمت أن القسمة كانت من الله تعالي في الأزل فما حسدت أحدا ورضيت بقسمة الله تعالي.
Mangka kaula uninga yen babagean rizqi eta ti Alloh Ta`alaa dina zaman Azali ( zaman sateuacan di dameul makhluk ). Jadi, kaula hanteu hoyong sirik ka salah saurang oge sareung kaula ridho kalayan bbagean ti Alloh Ta`alaa.

الفائدة السادسة: أني رأيت الناس يعادي بعضهم لغرض وسبب فتأملت قوله تعالي:
Qoidah anu ka 6: kana saestuna kaula parantos ninggal  sabagean jalmi hoyong musuhan anu sanesna sabab hiji tujuan sareung sabab. Lajeung kaula ngemutkeun pidawuh Alloh Ta`alaa :

 "إن الشيطان لكم عدو فاتخذوه عدوا".
Nyata syetan eta pikeun musuh aranjeun. Mangka janteunkeun eta syetan sabagean musuh araranjeun.

 فعلمت أنه لا تجوز عداوة أحد غير الشيطان.
Mangka kaula uninga yen hanteu kengeng musuhan salah saurang oge salian syetan.

الفائدة السابعة: أني رأيت كل أحد يسعى بجد ويجتهد بمبالغة لطلب القوت والمعاش بحيث يقع به في شبهة وحرام ويذل نفسه وينقص قدره فتأملت في قوله تعالي:
Qoidah anu ka 7: kana saestuna kaula parantos ninggal saban jalmi usaha kalayan eunya-eunya sareung bangeut junun milari tuang sareung panghirupan , dugika anjeunna lagrag ka leubeut syubhat sareung kaharaman sabab eta usaha. Anjeunna ngahinakeun dirina sareung nurunkeun martabatna. Lajeung kaula ngemutkeun pidawuh Alloh Ta`alaa :
 "وما من دابة في الأرض إلا على الله رزقها".
Hanteu hiji oge makhluk di tonggong bumi ieu kajabi rizqina ditanggung ku Alloh.

 فعلمت أن رزقي علي الله تعالي وقد ضمنه فاشتغلت بعبادته وقطعت طمعي عمن سواه.
Mangka kaula uninga yen eta rizqi di tanggung ku Alloh Ta`alaa sareung nyata anjeunna parantos ngajamin-Na. jadi kaula sibuk ka Alloh sareung kaula peugat kasarakahan kaula ka salian Alloh.
الفائدة الثامنة: أني رأيت كل واحد معتمدا علي شئ مخلوق: بعضهم إلى الدينار والدرهم وبعضهم إلى المال والملك وبعضهم إلى الحرفة والصناعة وبعضهم إلى مخلوق مثله فتأملت في قوله تعالى:

Qoidah anu ka 8 : Nyata parantos ninggal kaula saban jalmi sumeurah diri ka hiji makhluk sabagean maranehannana sumeurah diri kana Dinar sareung Dirham ( duit ). Sabagean maranehannana anu sanesna kana harta sareung kakawasaan. Sapalihna anu sanesna kana katerampilan sareung produktifitas. Sareung sapalihna anu sanesna ka makhluk samisilna. Lajeung kaula ngemutkeun pidawuh Alloh Ta`alaa :
"ومن يتوكل على الله فهو حسبه إن الله بالغ أمره قد جعل الله لكل شئ قدرا".
Singsaha jalmi anu tawakkal ( sumeurah diri ) ka Alloh mangka Alloh ngaceukapkeunna. Nyata Alloh ngalaksanakeun urusan-Na. nyata Alloh parantos ngajanteunkeun ukuran pikeun saban perkara”.

 فتوكلت على الله فهو حسبي ونعم الوكيل.
Mangka kaula takkal ka Alloh . Ceukap Alloh pikeun kaula. Sareung ari Alloh pangsae-saena tempat sumeurah diri
فقال سيدنا شقيق (رحمه الله): وفقك الله تعالى إني قد نظرت التوراة والزبور والإنجيل والفرقان فوجدت الكتب الأربعة تدور على هذه الفوائد الثمانية. فمن عمل بها كان عاملا بهذه الكتب الأربعة.
Mangka ngawaleur Al-Balkhy : Mugia Alloh maparin taufik ka anjeun , nyata parantos kaula talaah pirang-pirang Kitab Taurot, Injil, Jabur sareung Al-Furqon ( Al-Qur`an ), mangka kaula kengengkeun 4 kitab eta ngabahas saputeur 8 pangartian eta. Janteun, singsaha jalmi ngamalkeunna mangka anjeunna ngamalkeun ka 4 kitab eta.
أيها الولد: قد علمت من هاتين الحكايتين أنك لا تحتاج إلى تكثير العلم.

Hey …Anaking ! nyata anjeun parantos uninga tina 2 kishoh ieu, yen hanteu peryogi mung sakadar nyeueurkeun elmu.

KEUDAH MILARI ANJEUN KANA GURU ANU SAJATI


والآن أبين لك ما يجب على سالك سبيل الحق:
إعلم أنه ينبغي للسالك شيخ مرشد مرب ليخرج الأخلاق السيئة منه بتربيته ويجعل مكانها خلقا حسنا ومعنى التربية يشبه فعل الفلاح الذي يقلع الشوك ويخرج النباتات الأجنبية من بين الزرع ليحسن نباته ويكمل ريعه. ولا بد للسالك من شيخ يؤدبه ويرشده إلى سبيل الله تعالى لأن الله أرسل للعباد رسولا للإرشاد إلى سبيله. فإذا ارتحل صلي الله عليه وسلم فقد خلف الخلفاء في مكانه حتى يرشدوا إلى الله تعالى.

Ayeuna bakal ngajeulaskeun simkuring ka anjeun naon anu wajib ka eta jalmi anu nitih jalan bebeneran ( salik ). Kanyahokeun ku anjeun yen sakeudahna salah sawios salik ngagaduhan mursyid ( guru anu sampurna elmuna) anu ngagaduhan jiwa ngatik. Supados eta guru tiasa miceun akhlak anu awon ti salik kalayan atikanna sareung ngageuntoskeunna kalayan akhlak anu sae. Hartos atikan eta sarupi kalayan dameul patani  anu nyabutan cucuk jeung miceun tatangkalan sejen tina tatangkalanna, supados tiasa meukar sae sareung sampurna kasuburanna. Sakeudahna salik ngagaduhan guru anu tiasa ngatik sareung nuduhkeun kana jalan Alloh Ta`alaa. Sabab Alloh parantos ngutus salah sawios Rosul ka para abdi-Na pikeun maparin pituduh ngajugjug jalan-na lajeung upami Rosul saw. Parantos  ngantunkeun mangka para kholifah ( pamingpin agana ) ngageuntoskeun kalungguhan manteunna saw. Sahingga maranteunna nuduhkeun ka Alloh Ta`alaa.
وشرط الشيخ الذي يصلح أن يكون نائبا لسيدنا رسول الله (صلوات الله وسلامه عليه) أن يكون عالما ولكن لا كل عالم يصلح للخلافة. وإني أبين لك بعض علاماته على سبيل الإجمال حتى لا يدعي كل احد أنه مرشد. فنقول: من يعرض عن حب الدنيا وحب الجاه وكان قد تابع لشخص بصير تتسلسل متابعته إلى سيد المرسلين (صلي الله عليه وسلم) وكان محسنا رياضة نفسه بقلة الأكل والقول والنوم وكثرة الصلوات والصدقة والصوم وكان بمتابعته ذلك الشيخ البصير جاعلا محاسن الأخلاق له سيرة كالصبر والصلاة والشكر والتوكل واليقين والقناعة وطمأنينة النفس والحلم والتواضع والعلم والصدق والحياء والوفاء والوقار والسكون والتأني وأمثالها. فهو إذا نور من أنوار سيدنا النبي (صلي الله عليه وسلم) يصلح للإقتداء به ولكن وجود مثله نادر أعز من الكبريت الأحمر ومن ساعدته السعادة فوجد شيخا كما ذكرنا وقبله الشيخ ينبغي أن يحترمه ظاهرا وباطنا.

Syarat guru anu payus janteun gegentos Rosululloh saw. Nyaeta :
- hiji jalmi anu kagungan elmu ( a`lim ), tatapina hanteu saban jalma a`lim payus janteun kholifah .
Nyata bakal nyebatkeun simkuring ka anjeun sapalihna pirang-pirang cirri sacara umum, sahingga hanteu saban jalmi tiasa ngangkeun yen anjeunna hiji mursyid.
Simkuring nyebatkeun : ( Mursyid nyaeta ) : jalmi anu malengos tina cinta dunya jeung jawatan.
- jalmi anu lereus-leureus parantos mapay tapak salah sawios anu basher ( taliti sareung waspaos ) anu kaaubanna nyambung sareung jungjunan para Rosul ( nabi Muhammad Saw. )
- jalmi anu midameul sae kalayan ngalatih diri pikeun sakeudik tuang, sakeudik nyarios sareung kuleum, seueur Sholat sunnah, shodaqoh sareung puasa
- kalayan nuturkeun tapak lacak guru anu basher tadi, anjeunna tiasa ngagaduhan akhlak anu sae anu ngagaduhan lalakon  jumeuneung  ( riwayat hirup ) sapertos : sabar, sholat, syukur, tawakkal, yakin, qonaah, tingtrim jiwana, tahan uji, tawadhu, ngagaduhan elmu, jujur, isin sabab Alloh, minuhan jangji, saderhana, teunang, santei hanteu buru-buru jeung sajabana.
Janteun , upami kitu salah sawios tapak manteunna. Tatapina, kaayaan jalmi sapertos eta langki pisan, langkung langki tinimbang walirang beureum. Singsaha jalmi dibagyakeun ku kabagyaan ieu sahingga anjeunna ngengngengkeun salah sawios guru sapertos anu simkuring sadaya sebatkeun sareung eta guru narimana ( salaku murid ), mangka anjeunna keudah ngahormat zhohir sareung bathin.

KEUDAH HORMAT ANJEUN KA GURU ANJEUN


أما احترام الظاهر فهو ألا يجادله ولا يشتغل بالاحتجاج معه في كل مسألة وإن علم خطاه. ولا يلقي بين يديه سجادته إلا وقت أداء الصلاة فإذا فرغ يرفعها. ولا يكثر نوافل الصلاة بحضرته. ويعمل ما يأمره الشيخ من العمل بقدر وسعه وطاقته.

Anapon Panghurmatan zhohir mangka nyaeta :
- sayaga ngalayanan manteuna
- hanteu sibuk seueur aleusan reujeung manteunna dijero saban masalah, sok sanajan eta murid  
  nyaho kana kaleupatan guru
- hanteu ngamparkeun sajadah dipayuneun manteunna kajaba dina waktu sholat. Jeung upami
  parantos rengse mangka murid nyandak sajadahna
- hanteu seueur sholat sunnah dipayuneun manteuna
- midameul padameulan anu diparentahkeun ku guru numutkeun kasempatan sareung   
  kamampuhan.

وأما احترام الباطن فهو أن كل ما يسمع ويقبل منه في الظاهر لا ينكره في الباطن لا فعلا ولا قولا لئلا يتسم بالنفاق. وإن لم يستطع يترك صحبته إلى أن يوافق باطنه ظاهره. ويحترز عن مجالسة صاحب السوء ليقصر ولاية شياطين الجن والإنس عن صحن قلبه فيصفي من لوث الشيطنة وعلى كل حال يختار الفقر على الغني.

Anapon panghurmatan bathin mangka nyaeta :
- saban perkara anu anjeuna ( murid ) kuping sareung tampi di zhohirna ti guru, hanteu mungkir
  murid dijeuro  bathinna naha mangrupi padameulan atanapi cariosan ( guru ).
-Sangkan anjeunna ( murid ) hanteu ngagaduhan sifat munafik. Upami anjeunna ( murid ) teu acan   tiasa , anjeunna ( murid ) kantunkeun sosobatan reujeung guru dugika bathinna tiasa cocog
  reujeung zhohirna.

NAON ARI TASHOWWUF TEH ?


ثم اعلم أن التصوف له خصلتان:
(1)   الاستقامة مع الله تعالى.
(2)   والسكون عن الخلق.
فمن استقام مع الله عز وجل وأحسن خلقه بالناس وعاملهم بالحلم فهو صوفي. والاستقامة أن يفدي حظ نفسه على أمر الله تعالى. وحسن الخلق مع الناس ألا تحمل الناس علي مراد نفسك بل تحمل نفسك علي مرادهم ما لم يخالفوا الشرع.

Salajeungna, kanyahokeun ku anjeun ari Tashowwuf eta ngagaduhan 2 bagean :
1. Istiqomah sarta Alloh ( jalan ajeug di jalan agama Alloh )
2. tingtrim campur gaul sarta makhluk. Mangka sing saha jalma anu istiqomah sarta Alloh Azza Wa Zalla jeung ngagaduhan akhlak anu sae  ka makhluk sarta campur gaul reujeung maranehannana kalayan sili pikanyaah ngandung harti eta jalma teh salah sawiosna wali Alloh Ta`alaa.( saurang Hukama ).
Ari eta Istiqomah nyaeta ngakhidmahkeun dirina kana parentah Alloh Ta`alaa sedeungkeun ngagaduhan akhlak anu sae ka makhluk nyaeta yen anjeun hanteu mawa manusa pikeun minuhan kahoyong diri anjeun. Tatapina anjeun mawa diri anjeun pikeun minuhan kahoyong maranehannana salami maranehannana hanteu patukangtonggong reujeung agama

NAON ARI PERI`BADAHAN TEH ?


ثم إنك سألتني عن العبودية وهي ثلاثة أشياء:
(1)   محافظة أمر الشرع.
(2)   الرضاء بالقضاء والقدر وقسمة الله تعالى.
(3)   ترك رضاء نفسك في طلب رضاء الله تعالى.

Salajeungna, Nyata anjeun tumaros ka kaula ngeunaan ubudiyah ( pangabdian/kumawula ka Alloh ).Ari pangabdian/ kumawula eta aya 3 perkara :
1.Ngajagi Parentah Alloh
2.Ridho kana Qodho jeung Qodar sarta babagean Rizqi ti Alloh Ta`alaa
3.Ninggalkeun kapuasan diri pikeun milari ridho Alloh Ta`alaa.

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.
KLIK GAMBARNYA

Sholawat qod Kafani

Sholawat qod Kafani
klik fambar diatas