Rabu, 11 Mei 2011

HAKEKAT ELMU


أيها الولد: خلاصة العلم أن تعلم الطاعة والعبادة ما هي. أعلم أن الطاعة والعبادة متابعة الشارع في الأوامر والنواهي بالقول والفعل. يعني: كل ما تقول وتفعل وتترك يكون بإقتداء الشرع كما لو صمت يوم العيد وأيام التشريق تكون عاصيا أو صليت في ثوب مغصوب وإن كانت صورة عبادة تأثم.

Anaking ! pokona elmu eta nyaeta anjeun uninga hakekat katoatan sareung ibadah. Keudah uninga anjeun yen thoat sareung ibadah eta nyaeta nuturkeun Alloh dileubeut parentah-parentah sareung cegahan-cegahan, naha ucapan atanapi padameulanhartosna saban perkara anu anjeun carioskeun  sareung anjeun pidameul sarta anjeun kantunkeun salawasna nuturkeun syareat ( agama ) sapertos saumpama anjeun sholat kalayan pakean “ Ghasab “ (  ngangge milik jalmi sanes kalayan teu aya widi ), mangka anjeun dosa sok sanajan eta sholat wangun ibadah.

أيها الولد: ينبغي لك أن يكون قولك وفعلك موافقا للشرع إذ العلم والعمل بلا إقتداء الشرع ضلالة وينبغي لك ألا تغتر بالشطح وطامات الصوفية(2) لأن سلوك هذا الطريق يكون بالمجاهدة وقطع شهوة النفس وقتل هواها بسيف الرياضة لا بالطامات والترهات.
Anaking ! sakeudahna ucapan sareung padameulan anjeun saluyu sareung syarear, sabab elmu sareung amal kalayan hateu dituturkeun syareat eta hiji kasasaran. Sareung sakeudahna anjeun hanteu katipu ku kabodoan-kkabodoan sareung kaahengan-kaahengan para wali . sabah nitih jalan ieu ( kawalian ) keudah kalayan perjuangan , megatkeun kahayang nafsu sareung ngeundalikeun hawa nafsu kalayan pedang riyadhoh ( ngirangan kuleum, ngaleuuet, nginum, nyeerkeun puasa, sholat sunnah, dzikir sareung tahan tina gangguan manusa ), sanes kalayan midameul kaahengan-kaahengan sareung tindakan-tindakan anu bodo.

 وأعلم أن اللسان المطلق والقلب المطبق المملوء بالغفلة والشهوة وعلامة الشقاوة فإذا لم تقتل النفس بصدق المجاهدة فلن يحيا قلبك بأنوار المعرفة.
Kanyahokeun ku anjeun kana saestuna baham anu faseh sareung hate anu katutup pinuh kalayan kalalian sareung syahwat ( kahoyong nafsu ) nyaeta ciri cilaka. Upami hanteu anjeun bunuh nafsu anjeun kalayan perjuangan anu leureus-leureus, tangtu moal rek hirup hate anjeun kalayan pirang-pirang cahaya kama`rifatan.  

وأعلم أن بعض مسائلك التي سألتني عنها لا يستقيم جوابها بالكتابة والقول. إن تبلغ تلك الحالة تعرف ما هي وإلا فعلمها من المستحيلات لأنها ذوقية وكل ما يكون ذوقيا لا يستقيم وصفه بالقول كحلاوة الحلو ومرارة المر لا تعرف إلا بالذوق.
Kanyahokeun ku anjeun kana saestuna sapalih patarosan anjeun anu anjeun taroskeun ka kaula  hanteu pas pikeun diwaleur  kalayan seuratan sareung cariosan ? upami anjeun parantos dugi kana kaayaan eta mangka anjeun bakal uninga hakekat perkara eta. Tatapina upami hanteu mangka nguningakeunna eta mustahil. Sabab perkara eta kaleubeut kana siafat “ Rasa “ saban perkara anu ngagaduhan sifat “ rasa ” eta kirang pas dijeulaskeun kalayan cariosan. Sapertos amisna manisan sareung paitna paitan, anjeun hanteu tiasa uninga kajabi kalayan ngaraoskeunna.

 كما حكي أن عنينا (غبيا) كتب إلي صاحب له أن عرفني لذة المجامعة كيف تكون. فكتب له في جوابه: يا فلان إني كنت حسبتك عنينا فقط. والآن عرفت أنك عنين وأحمق. لأن هذه اللذة ذوقية إن تصل إليها تعرف وإلا لا يستقيم وصفها بالقول والكتابة.
Sakumaha parantos diriwayatkeun kana saestuna aya hiji jalmi impoten nyerat ka sobatna  ( anu eusina ) : wartosan kaula kumaha  raosna pasatemon ? mangka sobatna nyeurat seurat waleuran ( ka eta jalmi anu impoten tea  ( anu eusina ) ;? Hei fulan ! nyata baheula kaula ngira anjeun hiji jalmi impoten bae. Tatapina ayeuna kaula nyaho yen anjeun hiji jalmi impoten sareung boloho. Sabab raosna pasatemon eta nyaeta “ rasa “ upami anjeun dugi kana eta “ rasa “ mangka anjeun tiasa uninga. Sareung upami hanteu mangka eta perkara hanteu tiasa pas dijeulaskeun kalayan cariosan sareung seuratan.
(2) بما أن سيدي الشيخ الإمام الغزالي (رضي الله عنه وعن سائر الصالحين) كان يدعوا إلى التصوف الإسلامي (أي تصوف العلم والعمل والأدب) الصادق الموصل إلي حضرة الله سبحانه وتعالي عن طريق الإتباع وليس الابتداع. فبذلك حذر من المدعين والكذابين الذين يأتون بلباس الصوفية ظاهرا وباطنهم خراب لقوله سبحانه وتعالي: "كبر مقتا عند الله أن تقولوا مالا تفعلون" وهولاء إما أن يكونوا قد انحرفوا بعد أن كانوا علي خير وأما أن يكونوا مدسوسين ومندسين لضرب أهل الإسلام وقطعهم عن قائدهم سيدنا ومولانا محمد (صلي الله عليه وسلم وعلى آله وصحبه وسلم) حتى يهدموا الإحسان ثم الإيمان ثم الإسلام. نقطة أخري ايضا في غاية الأهمية عندما قال الشيخ هذه العبارة كان الوقت وقت علماء الظاهر أو الشريعة بسبب سيطرتهم ونفوذهم على الحكام فلذلك خفف الشيخ الموقف بتلك العبارة للمجاملة وحتى لا يجرح مشاعرهم لأنه كان شيخ مصلح مودَب مودِب.


أيها الولد: بعض مسائلك من هذا القبيل وأما البعض الذي يستقيم له الجواب فقد ذكرناه في "إحياء العلوم" و غيره. ونذكر هاهنا نبدأ منه ونشير إليه فنقول:
قد وجب علي السالك أربعة أمور:
Anaking ! sapalih patarosan anjeun kaleubeut ieu perkara . anapon sapalihna anu sejen anu tiasa diwaleur kalayan pas , mangka nyata parantos kaula seubatkeun dina kitab ihya Ulumiddin sareung sanesna. Tatapina kaula bakal nyeubatkeun sareung kaula tuduhkeun didieu sababaraha poko diantawisna kaula wartoskeun : nyata wajib pikeun salik ( jalmi anu mapay jalan milari ridho Alloh ) 4 pirang-pirang perkara :

الأمر الأول: اعتقاد صحيح لا يكون فيه بدعة.
الأمر الثاني: توبة نصوح لا يرجع بعدها إلي الزلة.
الأمر الثالث: استرضاء الخصوم حتى لا يبقي لأحد عليك حق.
الأمر الرابع: تحصيل علم الشريعة قدر ما تؤدي به أوامر الله تعالى ثم من العلوم الأخرى ما تكون به النجاة.

1. Ngagaduhan kayaqinan anu ajeug/beuneur anu hanteu ngandung bid`ah
2. Tobat  Nasuha ( leureus-leureus ), anjeunna hanteu malikan deui kaleupatan saparantos tobat.
3. Nyuhunkeun Ridho tina papaseaan, sahingga hanteu aya salah saurang oge anu ngagaduhan hak ka anjeun.
4. Ngagaduhan elmu syareat sakira anjeun hanteu tiasa minuhan kawajiban-kawajiban ti Alloh kalayan eta elmu, lajeung pirang-pirang elmu sanesna anu tiasa nyababkeun anjeun salameut.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.
KLIK GAMBARNYA

Sholawat qod Kafani

Sholawat qod Kafani
klik fambar diatas