Rabu, 11 Mei 2011

RINGKEUSAN PIRANG-PIRANG ELMU



حكي أن سيدنا الشبلي (رحمه الله) خدم أربعمائة استاذ وقال: قرأت أربعة آلاف حديث ثم اخترت منها حديثا واحدا وعملت به وخليت ما سواه لأني تأملته فوجدت خلاصي ونجاتي فيه وكان علم الأولين والآخرين كله مندرجا فيه فاكتفيت به وذلك أن سيدنا رسول الله (صلي الله عليه وسلم) قال لبعض أصحابه: "إعمل لدنياك بقدر مقامك فيها واعمل لأخرتك بقدر بقائك فيها واعمل لله بقدر حاجتك إليه واعمل للنار بقدر صبرك عليها".
Dicarioskeun kana saestuna Imam Asy-Syibly Rohimahulloh parantos ngakhidmah ( ngalayanan ) 400 Guru. Anjeunna sasanggeum :parantos maos kaula 4000 hadits. Lajeung kaula milih hiji hadits diantawisna sareung kaula amalkeun. Kaula kantunkeun anu sanesna, sabab parantos kaula emutkeun sareung kaula kengengkeun kaamanan sareng kasalameutan kaula aya dileubeutna. Elmu pirang-pirang jalmi kuno sareung pirang-pirang jalmi akhir kaseulap dileubeutna. Mangka kaula nyeukapkeun kalayan eta hiji hadits. Nyatana yen Rosululloh saw. Parantos ngadawuh ;
“ Pidameul pikeun dunya anjeun saukuran linggih anjeun di leubeutna, pidameul pikeun akherat anjeun saukuran kaabadian anjeun dileubeutna , amal pikeun Alloh saukuran peryogi anjeun ka Alloh sareung pidameul pikeun naraka saukuran kasobaran anjeun kana eta naraka.


أيها الولد: إذا علمت هذا الحديث لا حاجة إلي العلم الكثير. وتأمل في حكايات اخري وذلك أن سيدنا حاتم الأصم (رحمه الله) كان من أصحاب سيدنا الشقيق البلخي (رحمة الله) فسأله يوما: صاحبتني منذ ثلاثين سنة ما حصلت فيها؟ قال: حصلت على ثماني فوائد من العلم وهي تكفيني منه لأني أرجو خلاصي ونجاتي فيها. فقال شقيق: ما هي؟ قال حاتم الأصم:

Anaking ! upami anjeun parantos uninga ieu hadits mangka hanteu peryogi seueur elmu. Sareung emutkeun kisoh-kisoh sanesna nyatana Hatim Al-Ashom kapungkur kaleubeut pirang-pirang murid Asy-Syaqiq Al-Balkhy mugia Rohmat Alloh pikeun arnjeunna duaan. Hiji dinteun Al-Balkhy tumaros ka Al-Ashom .
Al-Balkhy : Anjeun parantos diajar kakaula ngawitan 30 taun. Naon anu parantos anjeun kengengkeun salami ieu ?
Al-Ashom : Kaula parantos ngengengkeun 8 pangartian , eta ceukap pikeun kaula, sabab kaula mihareup kasantosaan sareung kasalameutan kaula aya di leubeutna .
Al-balkhy : naon ari 8 pangartian eta ? mangka sasanggeum Al-Ashom :

الفائدة الأولى: أني نظرت إلي الخلق فرأيت لكل منهم محبوبا ومعشوقا يحبه ويعشقه وبعض ذلك المحبوب يصاحبه إلي مرض الموت وبعضه إلي شفير القبر ثم يرجع كله ويتركه فريدا وحيدا ولا يدخل معه في قبره منهم أحد فتفكرت وقلت:
Qoidah anu ka 1: kana saestuna kaula parantos ninggal  manusa . kaula ninggal nafsi-nafsi maranehannana ngagaduhan kabogoh sareung kacintaan anu dipikacinta sareung di kasihina. Sabagean kabogoh tadi maturanna neupi anjeunna geuring nyanghareupan ajalna. Sabagean deui neupika digigir kuburna. Lajeung sadayana mulih jeung ninggalkeunna sorangan saorang diri, hanteu saurang oge ti maranehannana anu hayang asup reujeung kabogoh dileubeut kubur.
mangka kaula ngemutkeun , sareung kaula sanggeumkeun :
 أفضل محبوب المرء ما يدخل في قبره ويوانسه فيه فما وجدت غير الأعمال الصالحة
Kabogoh hiji jalmi anu langkung utami nyaeta anu kersa leubeut ka jero kuburna sareung tiasa ngahibur dileubeut kubur . mangka hanteu kaula meunangkeun salian ti pirang-pirang amal sholih.
فأخذتها محبوبا لي لتكون سراجا لي في قبري وتوانسني فيه ولا تتركني فريدا.
Jadi salaku kabogoh kaula  supaya jadi palita kaula dijero kubur kaula, ngahibur kaula dijerona, jeung hanteu ninggalkeun kaula nyorangan.
الفائدة الثانية: أني رأيت الخلق يقتدون بأهوائهم ويبادرون إلي مرادات أنفسهم فتأملت قوله تعالي:
Qoidah anu ka 2: kana saestuna kaula parantos ninggal  manusa nuturkeun kahayang-kahayang maranehannana jeung paheula-heula ngajugjug tujuan-tujuan diri maranehannana. Lajeung kaula ngemutkeun pidawuh Alloh Ta`alaa :
 "وأما من خاف مقام ربه ونهي النفس عن الهوى فإن الجنة هي المأوي"
Aya oge jalmi anu sieun kana kamulyaan Pangeranna jeung nahan dirina tina hawa nafsuna  mangka nyata surga tempat pangbalikanna.
 وتيقنت أن القرآن حق وصدق فبادرت إلي خلاف نفسي وتشمرت لمجاهدتها ومنعها عن هواها حتى ارتاضت لطاعة الله سبحانه وتعالي وانقادت.
Kaula yaqin kana saestuna Al-Qur`an eta haq sareung leureus ; mangka kaula enggal-enggal ngalawan diri kaula sareung siaga pikeun meranganna jeung nyeugahna tina hawa nafsu. Sahingga diri kaula ridho sareung tumut kana thoat ka Alloh Subhanahu Wa Ta`alaa.
الفائدة الثالثة: أني رأيت كل واحد من الناس يسعى في جمع حطام الدنيا ثم يمسكه قابضا يده عليه فتأملت في قوله تعالي:
Qoidah anu ka 3: kana saestuna kaula parantos ninggal  saban jalmi usaha ngumpulkeun kakayaan dunya, lajeung nyimpeunna kalayan ngeupeulkeun lengeun ( koret ).  Mangka kaula ngemutkeun pidawuh Alloh Ta`alaa :

"ما عندكم ينفذ وما عند الله باق".
Naon oge anu aranjeun pimilik bakal ruksak seudeungkeun naon-naon anu di sagedengeun Alloh eta langgeung.

 فبذلت محصولي من الدنيا لوجه الله تعالي ففرقته بين المساكين ليكون ذخرا لي عند الله تعالي.
Mangka kaula pake anu kaula kengeng ti dunya pikeun milari ridho Alloh Ta`alaasareung kaula bagi-bagikeun ka pirang-pirang jalma miskin supados janteun harta simpeunan di sagedengeun Alloh Ta`alaa.
الفائدة الرابعة: أني رأيت بعض الخلق ظن شرفه وعزه في كثرة الأقوام والعشائر فاغتر بهم وزعم آخرون أنه في ثروة الأموال وكثرة الأولاد فافتخروا بها وحسب بعضهم الشرف والعز في غصب أموال الناس وظلمهم وسفك دمائهم واعتقدت طائفة أنه في إتلاف المال إسرافه وتبذيره وتأملت في قوله تعالى:
Qoidah anu ka 4: kana saestuna kaula parantos ninggal  sabagean jalmi ngira kamulyaan sareung kakiatanna ayana di na lobana qoum jeung pangikut, lajeung maranehna katipu. Sabagean anu sanes ngira ayana dina harta banda sareung seueurna murangkalih, lajeung maranehannana ngaagulkeunna. Sedengkeun anu sanes nyangki kamulyaan sareung kakiatanna aya dina ngaghasab ( ngarampas ) harta banda jalma lian, ngadholiman maranehannana, sareung maeshan maranehannana. Aya golongan anu ngayakinan eta perkara ayana dina ngahambur-hamburkeun harta banda jeung ngaawuntahkeun sarta ngamubadirkeunna.  Mangka kaula ngemutkeun pidawuh Alloh Ta`alaa :

 "إن أكرمكم عند الله اتقاكم".
Saestuna jalmi anu pangmulyana disisi Alloh nyaeta anu pang taqwana diantara aranjeun.

 فاخترت التقوى واعتقدت أن القرآن حق صادق وظنهم وحسبانهم كلها باطل زائل.
Mangka kaula milih Taqwa. Kaula yaqin yen Al-Qur`an eta haq sareung leureus.

الفائدة الخامسة: أني رأيت الناس يذم بعضهم بعضا ويغتاب بعضهم بعضا فوجدت ذلك من الحسد في المال والجاه والعلم فتأملت في قوله تعالي:
Qoidah anu ka 5: kana saestuna kaula parantos ninggal  sabagean jalmi hoyong nyawad anu sanes, sabagean maranehannana hoyong ngupat anu sejen. Kaula kengeng ieu perkara  asalna bijil tina kasirikan kana harta banda, jawatan, sareung elmu. Mangka kaula ngemutkeun pidawuh Alloh Ta`alaa :
 "نحن قسمنا بينهم معيشتهم في الحياة الدنيا".
Kami parantos ngabagi pangupajiwa diantara maranehna di jero kahirupan dunya.

 فعلمت أن القسمة كانت من الله تعالي في الأزل فما حسدت أحدا ورضيت بقسمة الله تعالي.
Mangka kaula uninga yen babagean rizqi eta ti Alloh Ta`alaa dina zaman Azali ( zaman sateuacan di dameul makhluk ). Jadi, kaula hanteu hoyong sirik ka salah saurang oge sareung kaula ridho kalayan bbagean ti Alloh Ta`alaa.

الفائدة السادسة: أني رأيت الناس يعادي بعضهم لغرض وسبب فتأملت قوله تعالي:
Qoidah anu ka 6: kana saestuna kaula parantos ninggal  sabagean jalmi hoyong musuhan anu sanesna sabab hiji tujuan sareung sabab. Lajeung kaula ngemutkeun pidawuh Alloh Ta`alaa :

 "إن الشيطان لكم عدو فاتخذوه عدوا".
Nyata syetan eta pikeun musuh aranjeun. Mangka janteunkeun eta syetan sabagean musuh araranjeun.

 فعلمت أنه لا تجوز عداوة أحد غير الشيطان.
Mangka kaula uninga yen hanteu kengeng musuhan salah saurang oge salian syetan.

الفائدة السابعة: أني رأيت كل أحد يسعى بجد ويجتهد بمبالغة لطلب القوت والمعاش بحيث يقع به في شبهة وحرام ويذل نفسه وينقص قدره فتأملت في قوله تعالي:
Qoidah anu ka 7: kana saestuna kaula parantos ninggal saban jalmi usaha kalayan eunya-eunya sareung bangeut junun milari tuang sareung panghirupan , dugika anjeunna lagrag ka leubeut syubhat sareung kaharaman sabab eta usaha. Anjeunna ngahinakeun dirina sareung nurunkeun martabatna. Lajeung kaula ngemutkeun pidawuh Alloh Ta`alaa :
 "وما من دابة في الأرض إلا على الله رزقها".
Hanteu hiji oge makhluk di tonggong bumi ieu kajabi rizqina ditanggung ku Alloh.

 فعلمت أن رزقي علي الله تعالي وقد ضمنه فاشتغلت بعبادته وقطعت طمعي عمن سواه.
Mangka kaula uninga yen eta rizqi di tanggung ku Alloh Ta`alaa sareung nyata anjeunna parantos ngajamin-Na. jadi kaula sibuk ka Alloh sareung kaula peugat kasarakahan kaula ka salian Alloh.
الفائدة الثامنة: أني رأيت كل واحد معتمدا علي شئ مخلوق: بعضهم إلى الدينار والدرهم وبعضهم إلى المال والملك وبعضهم إلى الحرفة والصناعة وبعضهم إلى مخلوق مثله فتأملت في قوله تعالى:

Qoidah anu ka 8 : Nyata parantos ninggal kaula saban jalmi sumeurah diri ka hiji makhluk sabagean maranehannana sumeurah diri kana Dinar sareung Dirham ( duit ). Sabagean maranehannana anu sanesna kana harta sareung kakawasaan. Sapalihna anu sanesna kana katerampilan sareung produktifitas. Sareung sapalihna anu sanesna ka makhluk samisilna. Lajeung kaula ngemutkeun pidawuh Alloh Ta`alaa :
"ومن يتوكل على الله فهو حسبه إن الله بالغ أمره قد جعل الله لكل شئ قدرا".
Singsaha jalmi anu tawakkal ( sumeurah diri ) ka Alloh mangka Alloh ngaceukapkeunna. Nyata Alloh ngalaksanakeun urusan-Na. nyata Alloh parantos ngajanteunkeun ukuran pikeun saban perkara”.

 فتوكلت على الله فهو حسبي ونعم الوكيل.
Mangka kaula takkal ka Alloh . Ceukap Alloh pikeun kaula. Sareung ari Alloh pangsae-saena tempat sumeurah diri
فقال سيدنا شقيق (رحمه الله): وفقك الله تعالى إني قد نظرت التوراة والزبور والإنجيل والفرقان فوجدت الكتب الأربعة تدور على هذه الفوائد الثمانية. فمن عمل بها كان عاملا بهذه الكتب الأربعة.
Mangka ngawaleur Al-Balkhy : Mugia Alloh maparin taufik ka anjeun , nyata parantos kaula talaah pirang-pirang Kitab Taurot, Injil, Jabur sareung Al-Furqon ( Al-Qur`an ), mangka kaula kengengkeun 4 kitab eta ngabahas saputeur 8 pangartian eta. Janteun, singsaha jalmi ngamalkeunna mangka anjeunna ngamalkeun ka 4 kitab eta.
أيها الولد: قد علمت من هاتين الحكايتين أنك لا تحتاج إلى تكثير العلم.

Hey …Anaking ! nyata anjeun parantos uninga tina 2 kishoh ieu, yen hanteu peryogi mung sakadar nyeueurkeun elmu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.
KLIK GAMBARNYA

Sholawat qod Kafani

Sholawat qod Kafani
klik fambar diatas