Rabu, 11 Mei 2011

PIRANG-PIRANG DO`A



أيها الولد: إني كتبت في هذا الفصل ملتمساتك فينبغي لك أن تعمل بها ولا تنساني فيه من أن تذكرني في صالح دعائك. وأما الدعاء الذي سألت مني فاطلبه من دعوات الصحاح وأقرأ هذا الدعاء في جميع أوقاتك خصوصا أعقاب صلواتك:

Anaking ! Nyata parantos nyeurat kaula dijero kelas ieu sadaya kaperyogian anjeun ( anu anjeun taroskeun ka kaula ). Mangka sakeudahna anjeun ngamalkeunna. Sareung tong hilap nyeubat kaula dileubeut do`a anjeun anu sae. Anapon do`a anu anjeun suhunkeun ka kaula , mangka pilari dileubeut pirang-pirang do`a anu sholih.
Sareung maos ku anjeun ieu do`a dihandap tina sadaya waktos anjeun, khususkeun waktos-waktos saba`da sholat anjeun.

أللهم إني أسألك من النعمة تمامها ومن العصمة دوامها ومن الرحمة شمولها ومن العافية حصولها ومن العيش أرغده ومن العمر أسعده ومن الإحسان أتمه ومن الإنعام أعمه ومن الفضل أعذبه ومن اللطف أقربه.
Nun Gusti Pangeran Abdi ! sayaktosna simkuring nyuhunkeun ka Gusti kana kani`matan anu pang sampurnana, kana penjagian anu teuras-teurasan , kana Rohmat Gusti anu nyaliara, kana kasehatan anu saestuna, kana kahirupan anu pang raosna, kana yuswa anu pang bagyana, kana padameulan sae anu pang sampurnana, kana kani`matan anu pang nyaliarana, kana kautamian anu pang bersihna, kana weulas asih anu pang mangfaatna.

أللهم كن لنا ولا تكن علينا.

Nun Gusti Pangeran Abdi !  mugi ngajanteunkeun Gusti ka simkuring sadayana anu ngabela sareung ulah ngajnteunkeun anu meredih.

أللهم اختم بالسعادة آجالنا وحقق بالزيادة آمالنا واقرن بالعافية غدونا وآصالنا واجعل إلى رحمتك مصيرنا ومآلنا واصبب سجال عفوك على ذنوبنا ومن علينا بإصلاح عيوبنا واجعل التقوى زادنا وفي دينك اجتهادنا وعليك توكلنا واعتمادنا.

Nun Gusti Pangeran Abdi !  mugi nutup Gusti kana ajal simkuring sadayana kalayan kabagjaan , sareung ngawujudkeun Gusti kana angeun-angeun simkuring sadayana pikeun nambih-nambih ibadah, irigkeun kalayan kasalameutan dina waktos enjing-enjing sareung pasosonteun, mugi ngajanteunkeun Gusti kana Rohmat Gusti salaku tempat tujuan sareung tempat mulang pikeun simkuring sadayana, mugi manjurkeun Gusti kana limpahan ampunan Gusti pikeun pirang-pirang dosa simkuring sadayana sajeung pirang-pirang jalmi anu janteun tanggung waleur simkuring sadayana kalayan cara ngadangdosan pirang-pirang cacad simkuring sadayana, mugi ngajanteunkeun Gusti kana Taqwa salaku beukeul simkuring sadayana sareung mugi ngajanteunkeun kajununnan simkuring sadayana dileubeut agama Gusti.
Mung ka Gusti simkuring sadayana masrahkeun diri sareung nyindekeul.
أللهم ثبتنا على نهج الاستقامة وأعذنا في الدنيا من موجبات الندامة يوم القيامة وخفف عنا ثقل الأوزار وارزقنا عيشة الأبرار واكفنا واصرف عنا شر الأشرار وأعتق رقابنا ورقاب آبائنا وأمهاتنا وإخواننا وأخواتنا من النار برحمتك يا عزيز يا غفار يا كريم يا ستار يا عليم يا جبار يا الله يا الله يا الله برحمتك يا أرحم الراحمين و يا أول الأولين ويا آخر الآخرين ويا ذا القوة المتين ويا راحم المساكين ويا أرحم الراحمين لا إله إلا أنت سبحانك إني كنت من الظالمين. وصلى الله على سيدنا محمد وآله وصحبه أجمعين
Nun Gusti Pangeran Abdi !  mugi neuteupkeun Gusti ka simkuring sadayana diluhur jalan Istiqomah, mugi nangtayungan Gusti ka simkuring sadayana di dunya tina pirang-pirang perkara anu ngajanteunkeun kadeueulan di poe kiamah, sareung mugi ngahampangkeun Gusti kana abotna pirang-pirang dosa ti simkuring sadayana, mugi maparinkeun Gusti ka simkuring sadayana kana kahirupan sapertos pirang-pirang jalmi anu sae, mugi nyeukapkeun Gusti pikeun simkuring sadayana kana pirang-pirang perkara anu simkuring sadayana peryogikeun di ieu dunya sareung di akherat jaga, mugi myinglaykeun Gusti ti simkuring sadayana kajahatan pirang-pirang jalmi anu jahat sareung tipu daya pirang-pirang jalmi anu licik, mugi ngabebaskeun Gusti ka simkuring sadayana sarta ibu rama simkuring sadayana sareung para wargi simkuring sadayana tina naraka kalayan Rohmat Gusti, Hei…Dzat anu maha Gagah, maha Ngahapunteun, Maha Mulya, sareung maha Panutup ( kaleupatan para abdin-Na ). Hei…anu Maha Ngadameul siang sareung weungi! Mugi ngabebaskeun Gusti ka simkuring sadayana tina kaseusahan dunya, siksa kubur sareung naraka.  Hei…Dzat anu Maha uninga  sareung maha Kawasa, Ya Alloh…Ya Alloh…Ya Alloh…kalayan Rohmat Gusti. Hei…Dzat anu Maha Asih, Maha Ngawitan sareung maha Akhir, anu Ngamilik kakiatan anu kiat, anu maha Asih pikeun para jalmi miskin tur Maha Nyaahan, Teu aya Pangeran anu Haq siibadahan anging Gusti. Maha Suci Gusti. Saestuna  simkuring sadayana kaleubeut pirang-pirang jalmi anu Dholim.
Sareung mugi maparinan sholawat Gusti sareung Salam Gusti ka Jungjunan simkuring sadayana nyatana Kangjeung Nabi Muhammad Saw. Sarta para kulawargina sareung para shohabatna sadayana.

 والحمد لله رب العالمين".


Ari Sadaya pujian eta tetep milik Gusti anu Mangeranan sadaya alam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.
KLIK GAMBARNYA

Sholawat qod Kafani

Sholawat qod Kafani
klik fambar diatas