Rabu, 11 Mei 2011

MUQODIMAH


بسم الله الرحمن الرحيم
الحمد لله رب العالمين والعاقبة للمتقين والصلاة والسلام علي سيدنا ومولانا محمد رسول الله (صلي الله عليه وسلم) وآله وصحبه أجمعين.
Kalayan jenengan Alloh Anu Maha Welas tur Maha Asih
Ari sadaya pujian eta tetep milik Alloh anu Mangeranan sadaya alam.jeung ari balukar anu dipuji ( nyaeta surga ) eta teuteup pikeun pirang-pirang jalmi anu Taqwa. Sareung ari Rohmat Alloh tur Hurmat Alloh eta mugi teuteup ka jungjunan simkuring sadayana sareung pamingpin simkuring sadayana nyatana Kangjeung nabi Muhammad anu janteun utusan Alloh saw.sareung kulawargina sarta shohabatna sadayana.
( Kedah uninga anjeun hei anaking yen aya salah sawios murid anu baheula anu salawasna nga khidmah ka Guru Agung Al-Imam ( anu ngagaduhan gelar ) Panghias agama hujjatul islam ( anu janteun hujahna orang islam ) nyatana Abu Hamid bin Muhammad Al-Ghozali mugia Alloh nyucikeun ruh manteunna. Eta murid tadi sibuk diajar sareung maos elmu di payuneun Imam Ghozali sahingga eta murid ngawasaan pirang-pirang elmu anu jero sareung nyampurnakeunna kalayan kapribadian anu utami. Salajeungna dina hiji dinteun anjeunna ngemut ngeunaan kaayaan dirina sareung nyarios di jero manahna. Eta murid nyarios : Nyata parantos maos simkuring  kana rupi-rupi elmu sareung parantos simkuring angge tambihna yuswa simkuring pikeun diajar sareung ngeumpeulkeunna. Ayeuna, sakeudahna simkuring uninga elmu naon anu ngagaduhan mangfaat pikeun simkuring jaga ( di akherat ) sareung tiasa ngahibur simkuring dileubeut kubur simkuring ? sareung naon elmu anu teu aya mangfaatna pikeun simkuring, sahingga tiasa simkuring kantunkeun. Sakumaha pidawuh Rosululloh saw. :

“ Nun Gusti Pangeran jisim kuring ! sayaktosna simkuring nyalindung ka Gusti  tina elmu anu hanteu aya mangfaatna.”

Emutan ieu lumangsung, sahingga eta murid nyeurat ka Guru Agung Hujatul Islam Abu Hamid bin Muhammad Al-Ghozali Rohimahullohu Ta`alaa. Pikeun nyuhunkeun fatwa , naroskeun sababaraha patarosan sareung nyuhunkeun nasehat sareung du`a. eta murid tadi nyarios : soksanaos pirang-pirang karangan Guru Agung kaula sapertos kitab Ihya Ulumiddin sareung sanes-sanesna nyakup waleuran pikeun pirang-pirang patarosan simkuring, tatapina , tujuan simkuring nyaeta supados manteunna nyeurat kaperyogian simkuring dina sababaraha lembar anu bakal mareuan simkuring sapanjang hirup simkuring  sareung tiasa simkuring amalkeun eusina salami yuswa simkuring Ingsya Allohu Ta`alaa. Mangka Guru Agung Hujatul Islam Abu Hamid bin Muhammad Al-Ghozali Rohimahullohu Ta`alaa. Nyeurat karangan alit ieu pikeun eta murid salaku waleuran .
Ari Alloh eta anu Maha Uninga. )

إعلم أيها الولد والمحب العزيز - أطال الله بقاك بطاعته وسلك بك سبيل أحبائه: أن منشور النصيحة يكتب من معدن الرسالة. إن كان قد بلغك منه نصيحة فأي حاجة لك في نصيحتي وإن لم يبلغك فقل لي: ماذا حصلت في هذه السنين الماضية ؟
Kedah uninga anjeun hei anaking sareung kakasih kaula anu mulya! Mugia Alloh manjangkeun kaayaan anjeun kalayan toat ka Alloh sareung ngajalankeun anjeun di jalan para kakasih Alloh yen nasehat anu rubak diserat tina tambang karangan anu alit ieu. Upami nasehat eta parantos dugi ka anjeun mangka naon anu anjeun peryogikeun dileubeut nasehat simkuring. Sareung upami nasehat tadi teu acan dugi ka anjeun mangka naon anu anjeun kengemg dileubeut sababaraha taun anu ka pengkeur ?
أيها الولد: من جملة ما نصح به رسول الله (صلى الله عليه وسلم) امته قوله عليه الصلاة والسلام :

Hei anaking ! kaleubeut tina sapalihna jumlah perkara anu dinasehatkeun ku Rosululloh saw. Ka umat manteunna nyaeta pidawuh Manteunna saw. :
"علامة إعراض الله تعالي عن العبد اشتغاله بما لا يعنيه وإن أمرا ذهبت ساعة من عمره في غير ما خلق له من العبادة لجدير أن تطول عليه حسرته ومن جاوز الأربعين ولم يغلب خيره على شره فليتجهز إلى النار".
Ari ciri malengos Alloh Ta`alaa ti hiji abdi nyaeta kasibukan abdi eta ku pirang-pirang perkara anu hanteu aya mangfaatna.upami parantos liwat sasaah tina yuswa salah sawios jalmi pikeun salian ibadah anu anjeunna parantos ngadameul Alloh pikeun eta jalmi, mangka payus anjeunna lami ngahandeueulkeunna. Sareung singsaha jalmi parantos dugi yuswa 40 warsih seudeungkeun kasaeanna teu acan tiasa ngawonkeun kaawonanna mangka sakeudahna anjeunna sasayogian ka naraka.

وفي هذه النصيحة كفاية لأهل العلم.


Sareung dina ieu nasihat eta ceukap pikeun ahli elmu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.
KLIK GAMBARNYA

Sholawat qod Kafani

Sholawat qod Kafani
klik fambar diatas