Rabu, 11 Mei 2011

KUDU MERHATIKEUN ANJEUN KANA NIAT ANJEUN DINA AMAL



أيها الولد: كم من ليال أحييتها بتكرار العلم ومطالعة الكتب وحرمت علي نفسك النوم؟ لا أعلم ما كان الباعث فيه. إن كان نيل عرض الدنيا وجذب حطامها وتحصيل مناصبها والمباهاة علي الأقران والأمثال فويل لك ثم ويل لك. وإن كان قصدك فيه إحياء شريعة النبي (صلى الله عليه وسلم) وتهذيب أخلاقك وكسر النفس الأمارة بالسوء فطوبي لك ثم طوبي لك. ولقد صدق من قال شعرا :
Anaking ! sabaraha seueur weungi anu parantos anjeun hirupkeun kalayan ngulang elmu , nalaah pirang-pirang kitab sareung anjeun haramkeun kuleum ka diri anjeun ? kaula hanteu uninga naon anu ngadorong anjeun pikeun eta ? upami anu ngadorongna nyaeta meunangkeun harta banda dunya , narik kakayaan sareung meunangkeun jawatan dunya sarta ngabanggakeun diri ka para sobat sareung sapadameulan, mangka cilaka sareung cilaka anjeun, upami tujuan anjeun dileubeut perkara eta nyaeta ngahirupkeun syari`at Nabi saw., ngatik akhlak anjeun sareung nundukkeun nafsu anu sok ngajak awon , maka untung jeung untung anjeun.
Nyata leureus salah sawios anu syiiran anu nyarioskeun dina hiji syiiranna :
سهر العيون لغير وجهك ضائع        وبكاؤهن لغير فقدك باطل
Soca anu kajagi ( hanteu kuleum ) sanes karana milari ridho Alloh eta ewuh hartina
Sareung soca anu nangis sanes karana kaicalan Gusti nyaeta Bathil ( kaleupatan )

أيها الولد: عش ما شئت فإنك ميت وأحبب ما شئت فإنك مفارقه واعمل ما شئت فإنك مجزي به.
Anaking ! hirup anjeun sakaresep anjeun sabab anjeun bakal maot, pikacinta naon oge anu anjeun suka sabab anjeun bakal pisah reujeung anu dipikacinta, sareung pidameul sakaresep anjeun sabab nyata anjeun bakal di baleus sababna.

 أيها الولد أي شيء حاصل لك من تحصيل علم الكلام والخلاف والطب والدواوين والأشعار والنجوم والعروض والنحو والتصريف غير تضيع العمر بخلاف ذي الجلال.
Anaking ! naon anu anjeun kengeng tina ngawasaan elmu kalam ( ilmu tauhid ), elmu khilaf ( elmu perbenteunan pamadeugan antara imam madzhab anu 4 ), elmu kadokteran , diwan-diwan ( keumpelan hikmah dina wangun syiiran ), syiiran-syiiran, elmu bentang, elmu sajak, Nahwu sareung shorof salian mung miceunan umur, sanes perkarana kalayan elmu mgeunaan Alloh anu ngagaduhan ka Agungan.

 إني رأيت في إنجيل سيدنا عيسى (عليه الصلاة والسلام): "من ساعة أن يوضع الميت علي الجنازة إلي أن يوضع على شفير القبر يسأل الله تعالي بعظمته منه أربعين سؤالا. أولها يقول:
Sayaktosna kaula parantos ningal kaula dileubeut injil Nabi Isa As. : ngawitan waktu mayit digolerkeun diluhur pasaran dugika eta mayit digolerkeun di gigir kuburan, kalayan Kaagungan-Na Alloh tumaros ka eta mayit 40 patarosan.
Ngawitan Alloh ngadawuh :

عبدي طهرت منظر الخلق سنين وما طهرت منظري ساعة.
Abdi kaula ! anjeun bersihkeun paningali makhluk taun-taun sareung anjeun hanteu mersihkeun paningali kaula sasaah oge.

 وكل يوم ينظر في قلبك يقول:
Saban dinteun Alloh ninggal ka leubeut hate anjeun. Dawuhanna :

 ما تصنع لغيري وأنت محفوف بخيري. أما أنت فأصم لا تسمع".

Naon anu anjeun pidameul pikeun salian Kaula ? padahal anjeun anjeun dikulilingan ku kasaean Kaula. Naha hanteu bonge anjeun, hanteu tiasa ngarungu?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.
KLIK GAMBARNYA

Sholawat qod Kafani

Sholawat qod Kafani
klik fambar diatas