Rabu, 11 Mei 2011

ELMU ANU SAJATI

أيها الولد: العلم بلا عمل جنون والعمل بلا علم لا يكون. واعلم أن العلم الذي لا يبعدك اليوم عن المعاصي ولا يحملك على الطاعة لن يبعدك غدا عن نار جهنم وإذا لم تعمل بعلمك اليوم ولم تدارك الأيام الماضية تقول غدا يوم القيامة:
Hei..Anaking ! Elmu kalayan hanteu aya amal nyaeta kageloan.Amal kalayan teu aya Elmu hanteu jadi ( hanteu sah ).
Kanyahokeun ku anjeun, yen elmu anu dina poe ieu  hanteu bisa ngajauhkeun  diri anjeun  tina pirang-pirang ma`siat sareung teu tiasa mawa anjeun kana thoat, ngandung harti moal rek bisa ngajauhkeun anjeun isuk tina Naraka jahanam. Upami anjeun hanteu ngamalkeun elmu anjeun poe ieu padahal anjeun hanteu bisa meunangkeun  pirang-pirang poe anu geus kaliwat, mangka anjeun bakal nyarios isuk dina poe kiamah :

 "فأرجعنا نعمل صالحا".
Balikkeun deui abdi sadaya  ( ka dunya ) tangtu abdi sadaya bakal midameul kasholihan

 فيقال: "يا أحمق أنت من هناك تجيء".

Mangka bakal dicarioskeun ( ka anjeun ) :
Hei Boloho ! anjeun datang ti ditu.

أيها الولد: اجعل الهمة في الروح والهزيمة في النفس والموت في البدن لان منزلك القبر وأهل المقابر ينتظرونك في كل لحظة متي تصل إليهم. إياك إياك أن تصل إليهم بلا زاد.
Hei..Anaking ! Ciptakeun sumangeut di jero jiwa anjeun, hengker dijero nafsu anjeun jeung kamaotan dijero awak anjeun . sabab tempat anjeun anu saenyana nyaeta kuburan. Anu nyicingan kuburan ngantosan anjeun  sababn waktu, iraha anjeun neupi ka maranehannana ? sieun jeung sieun anjeun, lamun anjeun nepi  ka maranehannana kalayan teu aya nyandak beukeul ( amal sholih )

 قال سيدنا أبو بكر الصديق (رضي الله عنه): "هذه الأجساد قفص الطيور أو إصطبل الدواب فتفكر في نفسك: من أيهما أنت؟ إن كنت من الطيور العلوية فحين تسمع طنين طبل
Abu bakar Shidiq ra. : sasanggeum : Awak-awak ieu ibarat kandang-kandang manuk atawa kandang-kandang sato, mangka kedah ngemut anjeun ka diri anjeun, anjeun kaleubeut anu mana  ? lamun anjeun kaleubeut  manuk-manuk anu luhur, mangka tetkala anjeun ngarungu sora kendang
 ارجعي إلي ربك
mangka kedah mulih anjeun ka Pangeran anjeun
 تطير صاعدا إلي أن تقعد في أعالي بروج الجنان".
 tangtu anjeun hibeur luhur nepika anjeun calik di bentang-bentang surga anu luhur.

 وكما قال سيدنا رسول الله (صلي الله عليه وسلم) : "اهتز عرش الرحمن من موت سعد بن معاذ (رضي الله عنه)"
Sakumaha pidawuh Rosululloh Saw. :
Arsy Alloh Anu maha welas goncang sabab maotna sa`ad bin mu`adz ra.

 والعياذ بالله إن كنت من الدواب كما قال الله تعالي:
Wal Iyadzu Billah ( abdi sadaya nyalindung ka Alloh ). Upami anjeun kaleubeut sato-sato, saperti anu di dawuhkeun ku Alloh Ta`alaa :

"أولئك كالأنعام بل هم أضل"
“ maranehannana saperti sato malahan leuwih sasar “.
 فلا تأمن انتقالك من زاوية الدار إلي هاوية النار.

Mangka hanteu aman pindah anjeun ti juru imah di dunya nepika jero naraka

 وروي أن سيدنا الحسن البصري (رحمه الله تعالي) أعطي شربة ماء بارد فاخذ القدح وغشي عليه وسقط من يده فلما أفاق قيل: مالك يا أبا سعيد؟ قال: ذكرت أمنية أهل النار حين يقولون لأهل الجنة:
Parantos diriwayatkeun yen hasan  Al- Bisyri Rohimahumulloh Ta`alaa dipaparin saregot cai tiis . lajeung anjeunna nyandak geulas teras pingsan. Mangka murag eta geulas dina pananganna . tetkala anjeunna sadar, anjeunna ditaros : naon anu nimpa anjeun ?, hei bapa sa`id ? anjeunna ngawaleur  : kaula emut anu nyicingan naraka , nalika maranehannana nyarios ka anu nyicingan surga :

"أن أفيضوا علينا من الماء أو مما رزقكم الله".

 “ panuhun eurihkeun Sakeudik cai ka abdi sadaya  atanapi sakeudik rizqi anu dipaparinkeun ku Alloh ka aranjeun.”

أيها الولد: لو كان العلم المجرد كافيا لك ولا تحتاج إلي عمل سواه لكان نداء
Hei..Anaking ! upami elmu wungkul ceukap pikeun anjeun jeung anjeun hanteu peryogi  amal  anu sanes mangka tangtu sasanggeum :

 "هل من سائل؟
Naha aya jalma anu nyuhunkeun ?

 هل من مستغفر؟
Naha aya jalma anu nyuhunkeun hampura ?

 هل من تائب؟"
Naha aya jalma anu thobat ?

 ضائعا بلا فائدة. وروي أن جماعة من الصحابة (رضوان الله عليهم اجمعين) ذكروا سيدنا عبد الله بن عمر (رضي الله عنهما) عند سيدنا رسول الله (صلي الله عليه وسلم) , فقال:
Eta euweuh hartina kalayan teu aya mangfatna
Parantos diriwayatkeun yen aya sagolongan shohabat  - mugia Alloh ngaridhoan maranteunna sadayana – nyeubat-nyeubat Abdulloh bin umar ra. Di payuneun Rosululloh saw. Mangka Manteunna Saw.  Ngadawuh :
 "نعم الرجل هو لو كان يصلي بالليل".
Sumuhun, anjeunna nyaeta hiji dedengkot saumpamana anjeunna sholat tengah weungi.

 وقال عليه الصلاة والسلام لرجل من أصحابه:
Rosululloh Saw. Ngadawuh ka saurang ti para shohabatna :

 "يا فلان لا تكثر النوم بالليل فان كثرة النوم بالليل يدع صاحبه فقيرا يوم القيامة".
Hei…Fulan montong loba sare peuting, sabab loba sare peuting eta bakal ninggalkeun palakuna salaku jalma fakir dina poe kiamah

 أيها الولد "ومن الليل فتهجد به نافلة لك" أمر "
Hei..Anaking ! jeung dina sabagean peuting  mangka geura tahajud salaku amal sunnah pikeun anjeun ) nyaeta hiji parentah.
وبالأسحار هم يستغفرون" شكر "
Jeung dina waktu-waktu saur maranteunna nyuhunkeun pangampura nyatana hiji syukuran

والمستغفرون بالأسحار" ذكر.
Jeung jalma-jalma anu istigfar dina waktu-waktu saur nyaeta hiji pangeling-ngeling.

 قال عليه الصلاة والسلام: "ثلاثة أصوات يحبها الله تعالي: صوت الديك وصوت الذي يقرأ القرآن وصوت المستغفرين بالأسحار"
Rosululloh Saw. Parantos ngadawuh :
3 sora anu dipika cinta ku Alloh Ta`ala :
1. sora kongkorongok hayam jalu
2.sora jalma anu maca Al-qur`an jeung
3. sora jalma-jalma anu istigfar dina waktu-waktu saur
وقال سيدنا سفيان الثوري (رحمة الله تعالي عليه): "إن الله تبارك وتعالي خلق ريحا تهب بالأسحار تحمل الأذكار والاستغفار إلي الملك الجبار"
Parantos nyarios Sufyan Ats-Tsaury mugia Rohmat Alloh Ta`alaa teuteup ka anjeunna :
Nyata alloh Tabaroka wa Ta`alaa ngadameul angin anu nebak dina waktu saur. Angin ieu mawa dzikir –dzikir jeung panedaan hampura ka Alloh anu Maha Raja tur maha kawasa.
 وقال أيضا: "إذا كان أول الليل ينادي مناد من تحت العرش: ألآ ليقم العابدون فيقومون ويصلون ما شاء الله ثم ينادي مناد في شطر الليل: ألا ليقم القانتون فيقومون ويصلون إلي السحر فإذا كان السحر نادي مناد: ألا ليقم المستغفرون فيقومون و يستغفرون فإذا طلع الفجر نادي مناد: ألا ليقم الغافلون فيقومون من فرشهم كالموتى نشروا من قبورهم".
 
Anjeunna oge sasanggeum : upami dugi awal peuting, aya hiji malaikat sasanggeum di handap arasy: Perhatosan ! Geura Harudang jalma-jalma Ahli Ibadah, mangka harudang ( eta jalma ahli ibadah ) , jeung sarolat maranteunannana – Masya Alloh – lajeung dina teungah weungi aya malaikat anu sasanggeum : perhatosan ! Gera hudang jalma-jalma anu Thoat ka Alloh. Mangka maranteunna oge gugah sareung nareuteupan  nepika waktu saur.
 Lajeung upami dugi waktu saur : Perhatosan ! geura hudang jalma-jalma anu neda hampura . magka maranehna oge hudang jeung neda pangampura . sareung upami parantos fajar ( shubuh ) ada hiji malaikat  sasanggeum : perhatosan ! Geura hudang jalma anu lali, mangka maranehannana oge hudang tina tempat-tempat sare maranehannana saperti mayit – mayit ngarajleung ti kuburan maranehannana
أيها الولد: روي في وصايا لقمان الحكيم لابنه أنه قال: "يابني لا يكنن الديك أكيس منك ينادي بالأسحار وأنت نائم". ولقد أحسن من قال شعراً:
Hei..Anaking ! parantos ngariwayatkeun dijero wasiat-wasiat Lukman Al-Hakim  ka putrana , yen anjeunna sasanggeum : Hei anaking ! Montong sakali-kali hayam jalu leuwih calakan tibatan anjeun. Eta hayam kongkorongok  dina waktu-waktu saur seudeungkeun anjeun sare. Tangtu nyata alus jalma ngucapkeun hiji syiiran :

لقد هتفت في جنح ليل حمامة       على فنن وهنا وأني لنائم
كذبت وبيت الله لو كنت عاشقا    لما سبقتني بالبكاء الحمائم
وأزعم أني هائم ذو صبابة          لربي فلا أبكي وتبكي البهائم

  
Dina jangjang peuting nyata aya hiji japati  ngalagukeun kaseudihan diluhur dahan, seudeungkeun kaula sare.
Demi Baetulloh, kaula ngawadul saumpamana kaula anu cinta , sabab kaula dielehkeun ku japati –japati eta
Kaula ngira saperti jalama anu cinta anu bangut sono ka Pangeran, tapi kaula teu ceurik seudeungkeun pirang-pirang sato careurik.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.
KLIK GAMBARNYA

Sholawat qod Kafani

Sholawat qod Kafani
klik fambar diatas