Rabu, 11 Mei 2011

NAON ARI TASHOWWUF TEH ?


ثم اعلم أن التصوف له خصلتان:
(1)   الاستقامة مع الله تعالى.
(2)   والسكون عن الخلق.
فمن استقام مع الله عز وجل وأحسن خلقه بالناس وعاملهم بالحلم فهو صوفي. والاستقامة أن يفدي حظ نفسه على أمر الله تعالى. وحسن الخلق مع الناس ألا تحمل الناس علي مراد نفسك بل تحمل نفسك علي مرادهم ما لم يخالفوا الشرع.

Salajeungna, kanyahokeun ku anjeun ari Tashowwuf eta ngagaduhan 2 bagean :
1. Istiqomah sarta Alloh ( jalan ajeug di jalan agama Alloh )
2. tingtrim campur gaul sarta makhluk. Mangka sing saha jalma anu istiqomah sarta Alloh Azza Wa Zalla jeung ngagaduhan akhlak anu sae  ka makhluk sarta campur gaul reujeung maranehannana kalayan sili pikanyaah ngandung harti eta jalma teh salah sawiosna wali Alloh Ta`alaa.( saurang Hukama ).
Ari eta Istiqomah nyaeta ngakhidmahkeun dirina kana parentah Alloh Ta`alaa sedeungkeun ngagaduhan akhlak anu sae ka makhluk nyaeta yen anjeun hanteu mawa manusa pikeun minuhan kahoyong diri anjeun. Tatapina anjeun mawa diri anjeun pikeun minuhan kahoyong maranehannana salami maranehannana hanteu patukangtonggong reujeung agama

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.
KLIK GAMBARNYA

Sholawat qod Kafani

Sholawat qod Kafani
klik fambar diatas