Rabu, 11 Mei 2011

AKHLAK BATHIN


وسألتني عن التوكل وهو أن يستحكم اعتقادك بالله تعالى فيما وعد يعني تعتقد أن ما قدر لك سيصل إليك لا محالة وإن اجتهد كل من في العالم على صرفه عنك وما لم يكتب لن يصل إليك وإن ساعدك جميع العالم.

Anjeun Tumaros ka kaula ngeunaan tawakkal. Ari Tawakkal nyaeta anjeun teguhkeun kayakinan anjeun ka Alloh Ta`alaa kana pirang-pirang perkara anu Alloh jangjikeun, hartina anjeun yakin yen naon oge anu ditaqdirkeun ku Alloh pikeun anjeun tangtu bakal nepi ka anjeun, sok sanajan saban jalma di alam ieu beneur-beuneur pikeun ningkirkeunna ti anjeun sedengkeun naon oge anu heunteu ditulis ( ditakdirkeun ) moal rek nepi ka anjeun, sok sanajan sakabeh alam ngabantu anjeun pikeun meunangkeunna.
وسألتني عن الإخلاص وهو أن تكون أعمالك كلها لله تعالى ولا يرتاح قلبك بمحامد الناس ولا تبالي بمذمتهم. واعلم أن الرياء يتولد من تعظيم الخلق. وعلاجه أن تراهم مسخرين تحت القدرة وتحسبهم كالجمادات في عدم قدرة إيصال الراحة والمشقة لتخلص من مراءاتهم. ومتى تحسبهم ذوي قدرة وإرادة لن يبعد عنك الرياء.

Anjeun tumaros ka kaula ngeunaan ikhlas , ari ikhlas nyaeta yen sakabeh amal anjeun pikeun jeung karana Alloh Ta`alaa.hate anjeun hanteu anteing ku pujian-pujian manusa jeung anjeun hanteu paduli cawadan maranehna.
Kanyahokeun ku anjeun, yen riya eta asal bijilna tina panghurmatan manusa, ubarna nyaeta sakuduna anjeun ningali maranehannana mung turut dihandap kakawasaan Allah jeung anjeun anggap maranehannana eta saperti barang-barang paeh dina perkara kahanteumampuhan pikeun mere kasenengan  jeung kasusahan supaya anjeun salameut tina ( pangaruh ) pujian maranehannana. Tapi, iraha oge anjeun anggap maranehannana boga kakawasaan jeung kahayangna sorangan tangtu riya` hanteu jauh ti anjeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.

UNTA BERSHALAWAT KEPADA NABI SAW.
KLIK GAMBARNYA

Sholawat qod Kafani

Sholawat qod Kafani
klik fambar diatas