أيها الولد: النصيحة سهلة والمشكل قبولها لأنها في مذاق متبعي الهوى مرة. إذ المناهي محبوبة في قلوبهم وعلى الخصوص لمن طالب العلم الرسمي ومشتغلا في فضل النفس ومناقب الدنيا فإنه يحسب أن العلم المجرد له سيكون نجاته وخلاصه فيه وأنه مستغن عن العمل وهذا اعتقاد الفلاسفة.
Hei anaking ! ari Nasehat eta gampang, anu sesah nyaeta nampina eta nasehat. Sabab ari nasehat eta pait di raoskeun ku jalmi anu nuturkeun hawa nafsuna. Sabab kaunggulan nyaeta nyaeta perkara anu dipikacinta dileubeut manah maranteunna, khususna pikeun anu nyuprih elmu anu umum, jalmi anu sibuk ku kahurmatan dirina sareung pangkat-pangkat aliyah dunyana. Sabab anjeunna nyangki yen mung kalayan elmu wungkul maranteunna tiasa salameut sareung aman , hartosna anjeunna hanteu peryogi ngamalkeunna. Ieu nyaeta kayakinan para ahli falasifah.
سبحان الله العظيم ! لا يعلم هذا المغرور أنه حين حصل العلم إذا لم يعمل به تكون الحجة عليه آكد كما قال رسول الله (صلى الله عليه وسلم):
Subhanallohal A`zhim. Jalmi anu katipu ieu teu uninga yen tetkala anjeunna parantos meunangkeun elmu, upami hanteu anjeunna amalkeun mangka aleusan pikeun ngagugatna ( kana amal padameulanna ) langkung kiat. Sakumaha pidawuh Rosululloh Saw. :
"أشد الناس عذابا يوم القيامة عالم لا ينفعه الله بعلمه".
“ Ari manusa anu pang abotna siksana dina poe kiamah nyaeta jalmi anu kagungan elmu anu hanteu dibere mangfaat elmuna ku Alloh.
وروي أن الجنيد (قدِِِِس الله سره) ’روي في المنام بعد موته فقيل له: ما الخبر يا أبا القاسم ؟ قال: "طاحت تلك العبارات وفنيت تلك الإشارات وما نفعنا إلا ’ركيعات ركعناها في جوف الليل".
Diriwayatkeun katerangan yen Imam Al-Junaidi ( hiji dedengkot wali Alloh )- mugia Alloh nyucikeun manahna –diimpenkeun saparantos anjeunna tilar dunya, anjeunna tumaros : “ kumaha wartana ? hei bapak Qosim “. Teras anjeunna ngawaleur :” sasar sadaya kecap-kecap sareung musna sadaya isyarat. Hanteu mangfaat pikeun simkuring sadayana kajaba pirang-pirang rokaat hampang anu simkuring sadayana pidameul di tengah weungi. “
أيها الولد: لا تكون من الأعمال مفلسا ولا من الأحوال خاليا وتيقن أن العلم المجرد لا يأخذ باليد. مثاله لو كان على رجل في برية عشرة أسياف هندية مع أسلحة اخري وكان الرجل شجاعا وأهل حرب فحمل عليه أسد عظيم مهيب فما ظنك؟ هل تدفع الأسلحة شره عنه بلا استعمالها وضربها؟
Hei anaking ! montong janteun jalmi anu bangkrut anjeun dina amal, sareung montong janteun jalmi anu nganggur kaayaan anjeun. Keudah yaqin yen elmu wungkul hanteu tiasa nulungan anjeun. Saumpamina :” di hiji daratan aya hiji jalmi nyandak 10 pedang Hidia sareung pakarang-pakarang lianna. Eta jalmi nyaeta hiji jalmi anu wawanen sareung ahli perang lajeung anjeunna di candak ka hiji singa anu ageung anu pikasieuneun. Kumaha pamadeugan anjeun ? naha pakarang-pakarang tadi, tiasa nolak bahaya eta singa ti anjeun kalayan hanteu anjeun gunakeun jeung anjeun teunggeulkeun ?
ومن المعلوم أنها لا تدفع إلا بالتحريك والضرب. فكذا لو قرأ رجل مائة ألف مسالة علمية وتعلمها ولم يعمل بها لا تفيده إلا بالعمل. ومثله ايضا لو كان لرجل حرارة ومرض صفراوي يكون علاجه بالسكنجبين والكشكاب فلا يحصل البرء إلا باستعمالهما. (بيت باللسان الفارسي)
eces, yen pakarang-pakarang eta hanteu tiasa nolakna kajabi kalayan digeurakkeun sareung di teunggeulkeun. Kitu deui, saupami hiji jalmi parantos maos 100.000 masalah sareung nalaahna tapi hanteu anjeunna amalkeun tangtu elmu-elmu eta teu aya mangfaatna pikeun anjeun kajabi kalayan ngamalkeunna. Saumpamina oge nyeri muriang jeung koneng anu landongna nyaeta Syakanjabin sareung Kasykab, mangka anjeunna hanteu hasil cageur kajabi kalayan make duanana.
كرمى دو هزار رطل همى بيمائي تامى نخورى نباشدت شيدائي(1)
Saumpami anjeun timbang 2000 rithel khomer anjeun moal rek mabok lamun teu anjeun leueut.
ولو قرأت العلم مائة سنة وجمعت ألف كتاب لا تكون مستعدا لرحمة الله تعالى إلا بالعمل لقوله سبحانه وتعالى
Saumpamina anjeun parantos maos elmu 100 taun, parantos anjeun keumpeulkeun 1000 kitab tatapina anjeun hanteu siap pikeun nampi Rohmat Alloh kajabi kalayan ngamalkeun.
"وأن ليس للإنسان إلا ماسعى"
Sareung yen saban jalmi mung meunang hasil tina naon anu parantos anjeunna pidameul ( di dunya ).
"فمن كان يرجو لقاء ربه فليعمل عملا صالحا"
Mangka singsaha jalmi ngareupkeun pendak sareung Pangeranna mangka sakeudahna anjeunna midameul amal sholih.
"جزاء بما كانوا يكسبون" "
Salaku baleusan pikeun naon anu baheula maranteunna pidameul ( di dunya ).
إن الذين آمنوا وعملوا الصالحات كانت لهم جنات الفردوس نزلا خالدين فيها لا يبغون عنها حولا"
Saestuna pirang-pirang jalmi anu ariman sareung aramal sholih eta eta meunangkeun pirang-pirang taman di firdaus salaku tempat mulang maranteunna ( saparantos maot ). Maranteunna langgeung dileubeutna sareung hanteu mihareup ngalih ti eta firdaus.
"فخلف من بعدهم خلف أضاعوا الصلوة واتبعوا الشهوات فسوف يلقون غيا إلا من تاب وآمن وعمل صالحا فأولئك يدخلون الجنة ولا يظلمون شيئا".
Saparantos maranteunna tilar dunya, mangka gentos ku hiji generasi anu ngamomorekeun sholat sareung nuturkeun hawa nafsu lajeung maranteunna neupangan kasasaran, kajabi jalmi anu tobat , ariman sareung aramal sholih mangka maranteunna eta bakal leubeut surga sareung hanteu dianiaya sakeudik oge.
(1) وترجم هذا البيت الشيخ أمين الكردي (رضي الله عنه وعن سائر الصالحين)
لو كلت ألفي رطل خمر لم تكن لتصير نشوانا إذا لم تشرب
والمقصود هنا أن من ذاق هذا الفن المباح وهذا العلم العالي الشريف عرف ومن لم يذق طعم الوصال لا يعرف. وهنا ملاحظة يجب أن نحسن الظن في مقصد هذا البيت وعدم تحمل النص والمؤلف جرم وتهمة , لان قصده كان للتوضيح بلغة ذلك العصر الذي عاش فيه وهو اعرف منا بذلك فعلينا حمل البيت علي أحسن المحامل.
وما تقول في هذا الحديث: "بني الإسلام على خمس: شهادة أن لا اله إلا الله وأن محمدا رسول الله وإقام الصلاة وإيتاء الزكاة وصوم رمضان وحج البيت لمن استطاع إليه سبيلا".
Naon pamadeugan anjeun ngeunaan ieu hadits :
Islam eta diwangun diluhur 5 perkara ;
1. nyakseni yen hanteu aya Pangeran kajabi Alloh sareung saestuna Kangjeung Nbai Muhammad Saw. Eta utusan Alloh.
2. migawe sholat
3. mayar Zakat
4. Puasa Bulan Romadhon sareung
5. Hajji kabaitulloh pikeun jalmi anu kawasa ( naha fisik atanapi materi ).
والإيمان قول باللسان وتصديق بالجنان وعمل بالأركان
Iman nyaeta cariosan kalayan lisan, dileureuskeun / diyaqinkeun kalayan manah sareung dipidameul kalayan anggahota badan
ودليل الأعمال أكثر من أن يحصي وإن كان العبد يبلغ الجنة بفضل الله تعالي وكرمه. لكن بعد أن يستعد بطاعته وعبادته لأن "رحمة الله قريب من المحسنين". ولو قيل أيضا: يبلغ بمجرد الإيمان قلنا: نعم ولكن متي يبلغ؟ وكم من عقبة كوود يقطعها إلى أن يصل؟ فأول تلك العقبات عقبة الإيمان وأنه هل يسلم من سلب الإيمان أم لا؟ وإذا وصل هل يكون خائبا مفلسا؟
.
Dalil ngeunaan kawajiban amal langkung seueur tina etangan ( seueur pisan ).
Soksanaos hiji abdi eta tiasa dugi ka surga kalayan kautamian sareung kamulyaan ti Alloh, tatapina perkara eta tumiba saparantos anjeunna sipa pikeun thoat sareung ibadah ka Alloh. Sabab Rohmat Alloh cakeut ti pirang-pirang jalmi anu midameul sae.
Saumpamina dicarioskeun oge : eta abdi tiasa dugi mung kalayan iman bae. Simkuring sadaya ngawaleur : sumuhun, tatapina iraha anjeunna tiasa dugi ? sareung sabaraha tahapan anu nipu anu tiasa anjeunna liwatan dugika anjeunna hasil ? tahapan ibadah anu ngawitan nyaeta tahap iman. Naha anjeunna salameut tina dicabutna iman atanapi hanteu ? sareung upami anjeunna parantos dugi , naha anjeunna ewuwh hartina sareung bangkrut ?
وقال الحسن البصري (رضي الله عنه): "يقول الله تعالى لعباده يوم القيامة: ادخلوا يا عبادي الجنة برحمتي واقتسموها بأعمالكم".
Syekh Hasan Al-Bisyri parantos sasanggeum : Alloh Ta`alaa ngadawuh ka para abdina di poe qiamah :
Hei para abdi kaula ! keudah leubeut anjeun ka surga kalayan Rohmat kaula sareung silibagi darajat surga kalayan pirang-pirang amal aranjeun.
أيها الولد: مالم تعمل لم تجد الأجر. حكي أن رجلا من بني إسرائيل عبد الله تعالى سبعين سنة فأراد الله تعالى أن يجلوه على الملائكة
Hei anaking ! salagi anjeun hanteu amal tangtu anjeun moal meunang ganjaran
Dicarioskeun ; aya hiji jalmi ti Bani Isroil ibadah ka Alloh Ta`alaa salami 70 taun lajeung Alloh Ta`alaa bade nembongkeunna ka para malaikat.
فأرسل الله إليه ملكا يخبره أنه مع تلك العبادة لا يليق به دخول الجنة فلما بلغه قال العابد: نحن خلقنا للعبادة فينبغي لنا أن نعبده. فلما رجع الملك قال: إلهي أنت أعلم بما قال.
Mangka ibadahna eta anjeunna hanteu payus leubeut ka surga . lajeung tatkala malaikat radi ngadugikeun ka jalmi eta, mangka jalmi eta ngawaleur : simkuring sadayana didameul pikeun ibadah mangka sakeudahna simkuring sadayana ibadah ka Manteunna. Tetkala malaikat mulang deui, anjeunna nyarios ka Alloh; Pangeran jisim abdi! Anjeun langkung uninga kana naon anu anjeun anjeunna carioskeun.
فقال الله تعالى:
Mangka Alloh Ta`alaa ngadawuh :
"إذا هو لم يعرض عن عبادتنا فنحن مع الكرام لا نعرض عنه إشهدوا يا ملائكتى أني قد غفرت له".
Upami kitu, anjeunna hanteu malengos tina ibadah ka kaula sadaya , mangka kalayan kamulyaan kaula sadaya , kaula sadaya oge moal malengos ka anjeunna. Hei…Malaikat kaula ! kedah nyakseni anjeun kana saestuna kaula parantsos ngahampura anjeunna.
وقال سيدنا رسول الله (صلى الله عليه وسلم): "حاسبوا أنفسكم قبل أن تحاسبوا وزنوا أعمالكم قبل أن توزنوا"
Rosululloh Saw. Parantos ngadawuh :
Kedah ngoreksi diri aranjeun samemeh aranjeun di koreksi sareung kedah nimbang aranjeun kana pirang-pirang amal aranjeun samemeh aranjeun di timbang ( di poe kiamah )
وقال سيدنا علي (رضي الله عنه): "من ظن أنه بدون الجهد بصل فهو متمن ومن ظن أنه ببذل الجهد يصل فهو مستغن" ,
Shohabat Ali ra. Sasanggeum : singsaha anu ngira yen kalayan teu aya usaha kalayan cape anjeunna tiasa dugi kana tujuan ibadah, mangka anjeunna pantos ngalamun. Jeung singsaha anu ngira mung kalayan ngeutrukkeun usaha kalayan cape anjeunna tiasa dugi mangka anjeunna tos ngarasa cukup ( tegesna hanteu butuh kana pitulung Alloh ).
وقال سيدنا الحسن (رضي الله عنه) : "طلب الجنة بلا عمل ذنب من الذنوب" وقال: "علامة الحقيقة ترك ملاحظة العمل لا ترك العمل"
Al-hasan RHM. Parantos sasanggeum : “Ari cirina ahli hakekat nyaeta hanteu merhatoskeun amal ( anu parantos dipidameul ), sanes hanteu amal.
وقال سيدنا رسول الله (صلى الله عليه وسلم): "الكيس من دان نفسه وعمل لما بعد الموت والأحمق من اتبع هواه و تمني على الله تعالي الأماني".
Rosululloh Saw. Parantos ngadawuh :
Jalmi anu calakan nyaeta jalmi anu tiasa nundukkeun dirina sareung amal pikeun hirup sateuacan maot. Jeung jalmi boloho nyaeta jalmi anu nuturkeun hawa nafsuna tatapina anjeunna ngagaduhan angeun-angeun kengeng naon anu dillamunkeun ka Alloh Ta`alaa.